Wa'alaikum salam,
 
Poe saptu anu karek ngaliwat, kaparengkeun oge tepung sareng abah Surya di bumina. Bahan-bahan hasil print TQBS anu geus rengse teh parantos disanggakeun ka anjeunna, sakalian si kuring sorangan jeung atas nami dulur sadaya, khususna anu pancen di TQBS, minangsaraya ka abah, nyuhunkeun dipandamelkeun tips basa Sunda keur TQBS. Upamana bae, ngeunaan larapan sababaraha rupa dhomir dina basa Sunda (aya: kaula, kami, kuring; andika, anjeun, maneh; manehna, inyana; jrrd).  Abah teh nyuhunkeun waktu, bade digarap daria, saurna. Urang antosan bae.
 
Di sagigireun ti eta, abah oge naroskeun atawa nalatahan perkara TQBS tea, rek ditujukeun pikeun saha?, saurna. Ieu patarosan abah penting dicirian, sabab pikeun ka saha nya ditujukeunana TQBS eta baris nangtukeun wanda tarjamahanana. Sakumaha kungsi dicaritakeun dina Tips anu geus ditepikeun, narjamahkeun teh enas-enasna-dina sababaraha ayat-moal leupas tina nafsirkeun oge. Upamana, Nurhidayahan eta wandana tarjamahan keur pupuh. Atuh Nurul Hikmah - ku sabab nadoman keur barudak tea-fokusna teh kana basa (tarjamah/tafsir) anu basajan anu gancang kaharti ku barudak.
 
Jawaban si kuring saheulaanan: TQBS ngaguluyur bae minangka narjamahkeun tarjamahan Al-Qur'an versi Depag RI, kalawan upama aya pamendak pribadi, boh nyutat ti tafsir nu sanes atawa bener-bener tina pamendakna dumasar gramatika basa arab tea, ti anu narjamahkeunana, eta baris diringkel keun ina catatan kaki. Atawa sabalikna? tarjamahan anu kapilih diheulakeun kalawan tarjamahan ti Depag diserat dina catetan kakina? Mangga teu langkung, kumaha sapukna sadayana.
 
Baktos,
manAR 
 
  

mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamualaikum,

Baraya, garapan TQBS sementara tos ngahasilkeun draft
tarjamahan pikeun 5 surat, diantarana:

Surat 1 (7 ayat): Al Faatihah
Surat 78 (40 ayat): An Nabaa'
Surat 79 (46 ayat): An Naazi'aat
Surat 80 (42 ayat): Al Abasa'
Surat 84 (25 ayat): Al Inshiqaaq

Kanggo baraya nu nuju ngahanca narjamahkeun (daftar
aya di handap), format tarjamahanana supaya
disaluyukeun sareng nu tos aya. Margi eta draft salian
bade didiskusikeun di milis, oge baris dipasrahkeun ka
Abah Surya, kanggo nyhunkeun koreksina. Insya Allah
kang Oman anu bade nepangan anjeunna.

Ka baraya nu bade ngiringan narjamahkeun, mangga
diantos japri ka kuring. Daftar surat nu nuju digarap
tiasa dipilari di situsna (alamatna aya di handap ieu
email).

salam,
mh

Daftar Panarjamah
-----------------
1. Asep Juarna, , Dijon, Perancis
2. Iskandar Adnan, , Jakarta, Indonesia
3. Ki Hasan, , Mantin, Malaysia.
4. Muhamad Sulkan, , Jakarta, Indonesia
5. Oman Abdurrahman, , Bandung, Indonesia
6. Budhi Setiawan, , Oritate, Jepang
7. Rudi, , Abudabi, Uni Arab Emirat
8. Yudi Irmawan, , , Inggris
9. Maman Durahman, , Jakarta, Indonesia
10. Z.A. Muslim, , Cilegon, Indonesia
11. Dian Nugraha, , , Jerman



dapur: http://free.angeltowns.com/studio579/


     
           
__________________________________
Celebrate Yahoo!'s 10th Birthday!
Yahoo! Netrospective: 100 Moments of the Web
http://birthday.yahoo.com/netrospective/


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.



__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke