Putri Cangcut
Indonesia anu kamari dikengingkeun ku wakil ti Jabar
eta katurunan Batak pan?
Biasana anu ngiluan acara
putri-putrian mah pasti anu raresep
dangdan teu paduli saluhur naon pendidikanna. Jadi keur waktos
ayeuna suku anu awewe na pantes disebat gumeulis teh nyaeta urang BATAK!
Belegug eta nu nulis teh…teu hese pan nyieun
logika kieu…
-----Original Message-----
From: Jalak Pakuan
[mailto:[EMAIL PROTECTED]]
Sent: 07 Maret 2005 12:36
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Di
Balik Kecantikan Wanita Sunda...stereotip
Ari kitu mah teu kedah mangmang deui kang Irpan, der
we atuh mun rek meunangkeun wanoja US. Diantos ka bale nyungcungna.
JP
MRachmat Rawyani
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Tah...tah..tah...ieu mah aya sangkut-pautna sareng
stereotip anu kantos ditalungtik ku (almh)
Prof.Dr.
Suwarsih Warnaen, Asli Urang sumedang, Guru Besar
Psikologi UI.
Panalungtikanana teh taun 1979, dina raraga
ngajukeun
disertasi doktor di widang Psikologi Sosial. Judul
Disertasina teh "Stereotip Etnik di dalam
Suatu Bangsa
Multi Etnik". (Dugi ka ayeuna asana teh ngan
ieu
hiji-hijina anu nalungtik perkara sifat-sifat suku
anu
paling jero).
Carana teh, aya sababaraha responden siswa SLA di
Jakarta ti sababaraha suku. Maranehanana piwarang
nyebutkeun sifat-sifat sababara suku (aya dalapan
atanapi sapuluh suku/etnis) bari jeung nyebutkeun
oge
sifat sukuna responden sorangan. Teras Prof.
Suwarsih
oge nyandak responden siswa SLA ti daerah-daerah
anu
didominasi ku hiji suku (Bandung, Jakarta, Jogja,
Padang, Sumatera jrrd). Responden daerah eta, sami
siga responden anu cicing di Jakarta, piwarang
nyebutkeun sifat-sifat sababaraha suku jeung
nyebutkeun sifat-sifat suku maranehanana. Eta
jawaban
responden teh diolah ku komputer, sifat mana anu
paling nyongcolang (pisitif atanapi negatif)dina
salah
sahiji suku.
aya sababaraha dalil tina hasil panalungtikan eta,
diantawisna teh:
1. Tingkah polah manusa anu mucunghul sacara
majemuk,
lolobana mantulkeun kamajemukan lingkungan dimana
manehna cicing.
2. Urang tiasa nitenan paripolah manusa
lamun diajar
kabudayan anu ngabentuk paripolah golongan
masarakat.
3. Stereotip teh nyaeta salah sahiji mekanisme
ngabasajankeun anu dibentuk manusia keur
"mengendalikan" lingkungan anu luas
pisan, majemuk
pisan jeung jalan tarik teuing jang bisa gancang
ngawanohkeun.
4.Stereotip anu teu taliti, bisa
"berkembang" jadi
sumber gejala alienasi jeung konflik antar
golongan
ngaliwatan proses gejala bayangan cermin.
5. Stereotip anu taliti, tiasa ditancebkeun ku
cara
nyayogikeun informasi anu realistik dina atikan
pendidikan, media massa jeung kajadian-kajadian
sajarah.
6. Nu paling penting sanes miceun
"perbedaan-perbedaan" budaya, tapi
ngabekelan
pangaweruh anu cukup soal unsur-unsur kabudayan
tina
sagala kabudayan, jang ningkatkeun kaprigelan
urang
jang ngalaksanakeun peramalan perkara jalma sejen
di
jero pasamoan antar budaya.
7.Informasi perkara unsur-unsur aneka kabudayan
anu
dipintonkeun di atikan sakola dasar, kedahna mah
dipilih segi-segi positif anu nyongcolang.
8. Jrrd ( aya 15 dalil).
Hapunten basana teu pararuguh, ma'lum nuju diajar
langsung narjamahkeun tina teks Indonesia, anu
kaleresan nyampak di payuneun sim kuring.
Kaleresan
nuju muka-muka arsip heubeul koleksi disertasi
doktor
anu kapungkur dikempelkeun ku Humas UI.
baktosna,
mrachmatrawyani
--- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Ceuk kuring mah, ieu artikel nu di fwd keun
ku kang
> DUr teh rada
> kurang ajar, rada ngahina ka awewe Sunda.
Tafsir si
> kuring kana
> artikel ieu, kira-kira kieu, awewe sunda mah
tukang
> dandan, kedul,
> ukur nonjolkeun kageulisan fisik jste, beda
jeung
> awewe urang Jawa,
> Bali atawa Sumatera Utara nu digawe
gararetol,
> pribadina alus daek
> sangsara jste. Tadina kuring hayang diskusi
jeung nu
> nyieun artikel
> ieu, tapi dipilarian dina Cbn.net.id geuning
teu
> aya, jadi
> geregeteun yeuh ........
__________________________________
Celebrate Yahoo!'s 10th Birthday!
Yahoo! Netrospective: 100 Moments of the Web
http://birthday.yahoo.com/netrospective/
Komunitas
Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Celebrate Yahoo!'s 10th Birthday!
Yahoo! Netrospective: 100
Moments of the Web
Komunitas
Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor |
ADVERTISEMENT
![click here]() | |
![]() |
Yahoo! Groups Links