salam ka teh lina aaaah....
abdi mah maca mailna teh jadi berbangga
da memang kanyataan nana kitu nya 
urang mah hanya bisa pesan 
tidak semuanya awewe sunda teh kitu kabeh
seneng dandan, kedul jeung sajabina2
aya urang sunda bedegong, ada juga yang tanginas
ad juga orang batak yang kedul
tapi tidak semua seperti itu
tergantung didikan indung sareng bapa na
dan lingkungan yang berpengaruh
jadi tidak semua orang suku sunda seperti itu 
punten ah nu kasuhun 
teh lina iraha bade bali ka lembur teh
salam ka teman-teman nu ada di batam nya
nu di batu aji, muka koneng, jodoh, bengkong 
ah teu di wiji-wiji aha 
wassalam
--- Lina Wiati <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> 
> Wanoja Sunda Kamarana?
> 
>  
> 
> Beja wanoja Sunda tukang darangdan jeung karedul eta
> mah gurandil aci sampeu. Ieu aing ehhh ieu abdi
> salah sahiji wanoja sunda anu teu  pisan-pisan
> kedul. Indit  gawe  jam 7 isuk-isuk balik jam 8
> peuting  piraku disebut kedul? Dandan nanahaon, duit
> nu aya mah mending dikirim jang indung bapa di
> lembur daripada beak ku melian barang teu guna jang
> pamer kageulisan anu imitasi. Ah teu dangdan oge
> masih keneh katingali Manis. Ieu mah ceuk batur.
> Hmmm Jadi isin . Kang Panzi Kang Iyan Kang Cecep 
> ulah seuri nya ieu mah  ngupahan diri sorangan we.
> He..he..he..
> 
>  
> 
> Hayu urang bandingkeun awewe urang mana wae anu boga
> sipat kedul, elodan, bedegong, belet, belegug atawa
> anu rancingeus jeung parigel. Teu pisan-pisan
> ngagogoreng batur atawa diri sorangan da ieu mah
> ukur ningali kumaha kaayaan di tempat pagawean
> kuring nyaeta di Pausahaan bogana Jepang di Batam.
> Salila 6 taun kuring gawe di pausahaan ieu sok
> rajeun ngabandungan jeung nitenan  kumaha
> sipat-sipat anu ngawengku unggal awewe sakabehna.
> Nyata ngarah kuring gampang mere nyaho atawa mun
> ceuk bahasa pausahaan mah training ka maranehna.
> 
>  
> 
> Unggal bulan aya we pagawe anu kaluar abus
> pausahaan. Kabeh sok dicatet ku kuring da puguh kudu
> apal ka kabehanana. Awal-awal mah rada weureu oge
> ngapal-ngapal ngaran jelema anu sakitu ratusanana.
> Komo lamun aya embel-embel ditukangenana siga
> Sitorus, Sihombing, Sipayung, Silaen, situmeang,
> Situmorang,  Simamora, Sibarani, Simarmata,
> Sitinjak, Simanjuntak, Sinaga, jeung si si si  nu
> laina atawa Hutapeang, Hutagaol, Hutajulu, Hutabarat
> jeung huta huta nu laena. Aduh emaaaa  aing
> pusiiiinggggg.. Tapi da kumaha deui kudu apal kabeh.
> Kumaha rek nitah ieu nitah itu kamarenahna mun teu
> apal ngarana.
> 
>  
> 
>  
> 
> Ti taun kataun salila genep taun kuring nitenan
> sikep jeung prilaku pagawe-pagawe di pausahaan ieu.
> Unggal ganti pagawe pasti urang batur deui urang
> batur deui. Meni sono ka wanoja-wanoja Sunda. Hayang
> saeutik-eutikeun mah ngobrol sunda di pagawean. Atuh
> da meni teu elol hiji-hiji acan. Kamarana nya? Da nu
> datang teh Batak deui Padang deui. Saeutik lobana
> ieu mangaruhan kana cara kuring nyarita. Rada heuras
> siga liwet tutung. Gawe ngan ukur ngambekan batur we
> da atuh pikasebeleun kabeh. 
> 
>  
> 
> Anu aya di rohangan gawe kuring ayeuna aya 190 urang
> awewe. eta 46 persen awewe Batak, 38 persen awewe
> Minang (Padang), 8 Persen awewe Sumatra Kaler
> (Palembang), 6 persen awewe jawa, 1 persen urang
> Sunda nyaeta kuring sorangan jeung hiji deui batur
> kuring Neng Dian urang Wanaraja Garut, 1 persen
> awewe Aceh. Beu mana urang Sundana?
> 
>  
> 
> Gening susah pisan ampir-ampir taak nyanghareupan
> pagawean anu sakitu nungtut tanggungjawabna. Atuh
> meni susah pisan mere nyaho anak batur teh gening.
> Awewe Batak cenah pekerja keras Bener pekerja keras
> na mah nyaeta kerja keras ngarah ngarti. Keras mikir
> da dipapatahan teh salah deui salah deui. Lila pisan
> ka ngartina. Si kuring sok gogodeg sorangan na ari
> batur meni belet-belet teuing hirup teh. Padahal
> gawe diudag ku target. Lamun teu geuwat bisa alamat
> barang moal ka kirim ka Pausahaan Customer. Shipping
> ka pausahaan-pausahaan  di luar nagri katunda. Dina
> Sapoe ratusan  rebu barang kudu kakirim. Lamun
> barang na lila di proses gara-gara budak anu nyieun
> na oon wayahna kuring anu laklak dasar dicarekan ku
> si Jepun gelo anu galakna kacida. Syukur ka Gusti
> eta Si Menejer Jepun teh geus teu dibagean produksi
> deui manehna dipindahkeun ka bagean sejen bongan
> nyarekan kuring bae. He..he..he.. 
> 
>  
> 
> Lain sakali dua kali wae mapatahan budak batur
> nepika panas tiris. Salila genep taun Bo. Tapi sarua
> ti taun ka taun naha teu rubah-rubah urang ditu mah
> lila ka ngartina. Padahal ceuk kuring nu belet mah
> eta pagawean di gawean ku budak SD oge sabenerna mah
> bisa. Ngan hanjakal pausahaan mah hayangna ka awewe
> lulusan SMU. 
> 
>  
> 
> Ari batur urang Minang, lain deui caritana. Beu eta
> mah mun dititah sok ngalawan bari kunyam-kunyem.
> Ngarti na mah ngarti hanjakal lambeyna  oge ngiring
> didamel. Sami sareng urang Sumatra Kaler. Mun
> dipiwarang sok baketut. Tapi ari dipolototan mah
> jadi ngadadak ngeluk sieuneun.
> 
>  
> 
> Urang jawa  ti taun ka taun jalmana saeutik jadi
> kuring rada susah mun rek nganggap sikep-sikep
> barudak jawa ngawakilan awewe jawa. Tapi nu
> kapanggih ku kuring Urang dinya mah lumayan enggal
> ngarti mun dititah nanaon teh. Tapi  gawena lila,
> teu parigel. Jreennggg meni lalaunan mun teu di
> hayoh-hayoh mah.
> 
>  
> 
> Ari urang Sunda na kumaha? Ah duka teuing da teu aya
> deui Urang Sunda di pausahaan ieu mah. Da aya oge Si
> Kuring wungkul nyalira. Kudu lulumpatan kaditu
> kadieu ngilikan pagawean  batur bari teu
> eureun-eureun mapatahan jeung ngambekan. Karasa 
> lila-lila mah sipat teh robah. Jadi heuras. Teuing
> ku tungtutan gawe atawa ku pangaruh lingkungan nu
> hareuras. Kitu oge Neng Dian .mun kuring kabeneran
> ngaliwat ka tempat gawena katingali teh ngan keur
> nyarekan budak batur we. Naha Dian janten heuras
> oge?
> 
>  
> 
> Duh sono ka wanoja-wanoja Sunda anu rancingeus
> parigel. Mun aya nya didieu. Cing atuh gera
> ngalumbara ka Batam da didieu mah nyeta ngan ukur
> urang kulon wungkul. Ulah sieun-sieun yap kadarieu
> Neng.
> 
>  
> 
> Tos ah. Lumayan rada lega hate ayeuna mah da tos
> curhat.
> 
> Hapunten ka sadayana.
> 
>  
> 
> Lina Batam
> 
>  
> 
> 
>  Yahoo! Mobile
> - Download the latest ringtones, games, and more!



                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!
http://smallbusiness.yahoo.com/resources/ 





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources 
often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today!
http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke