Wiluejng enjing Ua, katampi serelek teh kalayan eces sureces lah..
 
eta masalah sareng anu namina gogog mah..janten emut kapungkur.. lanceuk anu lalaki abdi ( pangais bungsu ) pernah maehan anjing gara gara, ngungudag abdi nepikeun ka labuh gugulitikan awak gareutihan dugikeun ka ieu raray bin beungeut oge getihan da tikusruk di taneh garing..pas rek angkat sakola deuih ( kelas 3 SD )... teu dilila lila, isukna jeung nu jadi lanceuk liwat jalan eta deui, kapanggih anjingna.. terus dikeprukan nepikeun ka paehna..
 
terus anjing tatangga ( bogana Preman anu ngaku jeger di daerah abdi ) oge nyakitu dilepaskeun terus emod disajajalan...payuneun bumi deuih... teu diengkekeun deui.. wengina langsung diparaban daging anu tos dipasihan racun... isukisukna anu bogana ngamuk bari ceurik pedah anjingna paeh... pokokna lanceuk abdi anu pangais bungsu eta mah paling telenges komo meun kanu ngaganggu adina anu kasep ieu ( keun wae ngaku PD kasepnya da baheula di keluarga teh pangbodasna.. )...
 
jadi sok gumujeung nyalira kadang oge ngarasa sedih meun emut tur sono mangsa baheula...
punten ah luas leos kaitu kadieu...
 
Baktosna,
-----Original Message-----
From: MSasmita [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, March 16, 2005 6:58 PM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] RT jeung......gogog...!!

Basa malem minggu kamari ka imah katatamuan ku tatangga sa-RT duaan, jeung nu saurang mah geus kacida wawuhna da mindeng ngawangkong, ngan jeung nu saurang deui kakara papanggih, sihoreng geuning warga di RT kuring keneh, ngan inyana mah arang ka Bandung lantaran gawena di Jakarta jadi tangtara.

Kulantaran tatamu teh teu langsung nepikeun kana maksud kadatanganana, nya ngawangkong teh kana masalah Sunda utamana mah kana buku-buku Sunda nu karasa hese neanganana, kuring teu pati sapagodos kusabab lamun urang leukeun neangan mah aya keneh buku-buku basa Sunda teh boh carita, boh nu sejena, kaasup sabangsaning guaran nu daria boh sajarahna boh buku ulikan basa Sunda, kitu deui majalah/ tabloid basa Sunda.

 

MSasmita.

Ieu carita lain ngarang, ieu mah kajadian nyata

Sakalian nge-test bisa ngirim/nampa email teu...!!



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke