Hehehe, nyaan, asa maca Mang Ohle dina PR, malah leuwih onjoy ieu 
mah. Enya atuh nya, anggota dpr teh anu cenah wakil rahayat, bet 
kitu kalakuan, jadi wakil "bustanul athfal" atawa TK tea. Keur 
pagawean ngan ocon, gajihna galede deuih, leuh eunaakk tenaann.

Kang Syam, geuningan resep spongebob oge nya? hehehe, sarua eung 
jeung kula...Lucu eta kartun teh, mimitina mah teu resep, beuki dieu 
beuki masket. Palaur, moal bosen kitu? Tapi leuheung, bosen si bob 
engke aya gantina, kartun wakil rakyat anu ocon tea.

manAR

 
--- In urangsunda@yahoogroups.com, "syam ridwan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> " Asa ngarey ningalina lo !"
> " Naon tea mang ?"
> " Itu DPR arocon deui !"
> " Enya mang, badis we taman kanak-kanak !"
> " Boa boa engke mah dihareupeun kantorna aya paragi sosorodotan 
jeung ayun-ayunan lo !"
> " Enya mang, samemeh rapat arulin heula didinya !"
> " Sigana baju safarina ge bakal diganti kusaragam tk kumplit jeung 
dasi kupu-kupuna !"
> " Asa kabina bina teuing, bejana kamari ge sing gorowok deui mang, 
malahan aya nu ngahaleuang lagu sayonara sagala !"
> " Enya lo, hawar hawar kadenge, sayonara....sayonara... sampai 
berjumpa pulang, hari senen kita arocon deui !"
> " Mun aya urang sunda mah pasti ngahaleuang lagu "pileuleuyan" nya 
mang!"
> " Heueuh lo, rapat can rengse ge geus barubar, ceuk urang mah 
rengsekeun heula nya, meh teu gantung areuyeun !"
> " Enya mang, matak buru-buru balik ge bisi teu kaburu nongton 
spongebob jeung sidora sigana mah !"
> " Ah dasar we, gajih hayang nerekel naek ari gawe ngan raribut 
wae !"
> " Enya mang, mun kongang mah hayang ngagorowok make toa nurutan 
peterpan " DPR ada apa denganmu?"
> " Ari emang mah nek ngapalkeun lagu "balonku" we bisi jaga 
diangkat jadi anggota!"
> " Anggota naon mang ?"
> " Enya, anggota kinderganten van senayan !"
> SR





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources 
often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today!
http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke