Aya rerencangan anu linggih na di London ngadamel website
http://www.aagymforpresident.com/
anjeuna urang Minang, kumargi anjeuna ayeuna nuju pakepuk ku padamelan
janten website ieu tara di update dugi ayeuna.

Wassalam
Irwan

On Fri, 18 Mar 2005 08:24:51 +0000 (GMT), eki kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> mangga kang, di dukung programna,
> iraha atuh bade urang sunda nu janten presiden na.
> ah da ngalamun haratis..
> urang sunda nu cocok jadi presiden sahanya? 
> nu rada kaciri lah potensi ti ayeuna,
> anu adil
> anu cerdas
> anu iman
> anu taqwa
> anu disiplin
> jst..
> ah pokok na anu alus2 wae..
> sigana ..
> aa gym.
>  
> satuju !!!
>  
> ok
>  
> 
> 
> sindang_asih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Baraya, 
> 
> Mun kuring jadi persiden. Anu pangheulana dilakukeun, memeh nanaon
> nyaeta: 
> 1. Nyiapkeun transportasi anu hade, ngenah dipake (make AC, bari teu
> pasesedek, da), loba, tur jalur khusus (siga busway). sakabeh
> transportasi eta lumaku di satiap provinsi. 
> 2. Bari hal eta disiapkeun, kuring bakal ngalakukeun konversi sakabeh
> pausahaan transportasi moal dikelola ku operator swasta, tapi nagara.
> Tangtu make sistim panyaring anu ketat (bener teu, nya!), sahingga
> bisa kapilih pausahaan tur supir-supir anu hade. 
> 3. Di satiap Pool beus, kuring nyieun POM bensin. Make sistem anu
> anyar,  saperti pembayaran make ATM bari make sistim pemindai sidik
> jari, sora, tur gurat mata (siga dipilem, tapi bisa da!), sahingga
> data nu meuli jeung nu makena bisa katohyan.  
> 4. Ieu pang spektakulerna. BBM ku kuring langsung ditakkeun 20 kali
> lipat. Bari langsung teken kontrak yen salila kuring ngajabat presiden
> minimal lima taun moal aya deui kenaekan. (engka alesana ku kuring
> dijelaskeun)
> 5. Pajak kendaraan bermotor gilinding opat kaluhur salian ti anu keur
> transportasi, ditaekkuen oge 20 kali. 
> 6. Angkos parkir oge ditaekkeun 20 kali lipat perjam-na ti anu ayeuna. 
> 7. Aparat pajak diganti ku nu anyar, profesional, siga pausahaan
> swasta, integrated jeung bank, jadi bisa mayar pajak online. Aparat
> pajeg eta deuk dipersenjatai, mawa bedil atawa pestol. 
> 8. engke disambung deui 
> 
> ALESANNA
> 
> 1. Kunaon transportasi? sabab, kalobaana jelema make mobil sorangan
> kusabab sarana tranportasi urang anu butut, teu ngenaheun. 
> 2. ku naon kudu jadi pusahaan nagara? supaya teu kudu ngudag setoran.
> Percis siga baswey (busway). jadi satiap panumpang bisa merkirakeun
> tepat waktu dina satiap perjalanan. supirna kudu anu ngabogaan
> dedikasi, tangtu gajihna oge kudu cukup. 
> 3. POM bensin di pool, supaya bensin anu ku kuring dinaekkeun 20 kali
> lipat tea, di pool mah, da keur konsumsi publik tea, bisa murah. Siga
> di pool na TAXI Blue Bird. Basa bensin Rp. 1810, di dinya bisa mere
> harga Rp. 1440. Jadi di pool eta mah, bensin tetep hargana siga
> ayeuna. Malah mun perlu haratis wae. anu meulina kudu make kartu
> khusus tea. 
> 4. Ku naekna 20 kali, kuring bisa ngitung inflasi harga minya dunya
> salila 5 taun. satarik-tarikna 10 %, kali 5 berarti jadi 100%. Lima
> taun inflasi ngan 100%. Kuring boga bati keneh 1900 %. 
> 5.6.7. Kitu deui, tina eta pajeg, pasti meunang duit gede. tapi ulah
> loba rempan, da mawa mobil. 
> 
> 
> TARGET
> Baraya, 
> Kunaon kuring jiga teu mikiran rahayat leutik. 
> Teu pisan-pisan. Justeru tina duit eta, kuring bakal ngaharatiskeun
> sakola minimal teupi ka SLTA. Beasiswa jang mahasiswa dieuyeubkeun.
> Salian sakola (atawa widang atikan), anu yakin haratis nyaeta biaya
> kasehatan standar. Kageh haratis. Anu mahal-mahal mah panyakitna,
> dipilihan. Ti mana duitna? pasti tina hasil BBM jeung Pajeg tea. 
> Target kuring anu lain nyaeta, hayang ngomean alam. Lain deuk
> ngalengkahan takdir atawa pangeran, tapi ieu mah tarekah we. 
> Itungana kieu? 
> Mun PKB mahal, sugan we rada hemar-hemir anu meuli mobil teh. mun
> tempat parkir mahal, tangtu rada haroream mawa mobil da sieun ka getok
> ku waktu parkir. coba bayangkeun, parkir sa jam kudu dua puluh rebu.
> jadi mun mawa mobil oge, urang moal ngadon ngobrol wae di mol, kafe,
> jsb. tapi pasti gura giru balik ka imah. di imah mah parkirna
> haratis!. di jalan lancar, da mobil ge kurang. Tangtu kudu aya
> alternatip. aya, pan transportasi publik geus hade. jaba murah, jaba
> tepat waktu. jaba loba. jaba bebas polusi, da BBM na anu panghadena,
> tur pang ramah lingkungan. pasti kabeuli da nagara anu meuli make duit
> hasil tina BBM mahal. 
> 
> ieu komponen jeung faktor bisa diitung. komo dilamun mah, tereh. 
> punten, kuring mah rada teu apal kana model-model ekonomi siga LPEM
> UI. kuring mah make niat hayang ngomean alam anu geus ruksak ku karbon
> dioksida. 
> 
> Tah, kuring hayang kampanye BBM mahal dina konteks ieu. Tangtu bakal
> dipiceuceub ku pengusaha. sabab teu pro bisnis, tapi pro poor. 
> 
> ah, ketah pedah pengusaha di urang we rada manja. meureun.
> 
> Cag
> 
> hanca
> 
> 
> tantan   
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> 
> 
> 
> 
> ________________________________
> Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today!
> Download Messenger Now 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> 
> 
> Yahoo! Groups Sponsor
> ADVERTISEMENT
> 
> ________________________________
> Yahoo! Groups Links
> 
> To visit your group on the web, go to:
> http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
>   
> To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>   
> Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 
> 
>





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for
anyone who cares about public education!
http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Reply via email to