Haturan .. kang Didi..
Mudah-mudahan.. sakumaha jejerna "hehehe" seratan kang Didi teh mung ukur heureuy...
Kumargi kitu.. teu kedah ditanggapi kalayan daria...
Namung... bilih ieu mah... aya anu nganggap... sakumaha anu diserat teh.. memang "saleresna" kitu....
Sim kuring mung sakadar ngebrehkeun pamanggih sorangan.. pikeun kuring soranganeun.. sual anu lian... teu langkung pamadeganna sewang-sewangan....
 
Kedahna mah ... anu diserat ku Kang Didi teh... kieu:
Dokter.. nabung amal soleh tina usaha nyageurkeun jalma gering....
(henteu aya dokter anu boga niat nyieun panyaklit....)
Jaksa, pangacara jeung hakim (oge pulisi).. nganafakahan hirupna ku usaha nanjeurkeun bebeneran... ngabasmi kadoliman....
Dosen, guru nuwuhkeun kapinter jeung kualitas manusa sangkan jadi jalma anu bisa manfaat
Arsitek... narekahan sangkan kahirupan aya dina kaayaan lewih sugema, nyaman tur asri..
PNS... nganfakahan hirupna bari nganiatan pikeun ulubiung nganata ngariksa masyarakat tur nagara sangkan ningkat kualitas hirup masyarakatna...
Saleuwihna mah... ah.. moal waka maparin komentar..
Anu puguh mah.... milih pacabakan teh kudu bisa cocog jeung sababaraha hal ideal: saperti, bisa jadi jalan ibadah, halal tur toyib, mawa maslahat keur umat....
 
Sakitu heula anu kapihatur...
Hapunten bilih seueur lepatna,
Wassalamu'alaikum wr wb.
Ahmad Junaedi, (Seoul, kaleresan milih pacabakan teh jadi tukang ngawurukan barudak)
 
 

Didi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Ngabejaan bulu tuur :
Dokter hirup tina panyakit jalma Lian,
Jaksa, Pengacara jeung Hakim eta hirup tina kasalahan jalma Lian,
Polisi eta hirup tina pelanggaran,
Dosen dan Guru eta hirup tina Jalma nu bodo jeung teu nyaho,
Arsitek eta hirup tina khayalan jalma lian,
PNS eta hirup tina kesang rakyat,
Sopir, Ojeg, Abang Becak eta hirup tina jalma nu males,
tah nu paling cilaka, (Saderek terang pan politik teh KOTOR?)
Tah Anggota DPR teh hidup tina KOTORAN !
numatak eta teangan pagawean anu hirup tina kasenangan jalma lian. Saperti :

Agen perjalanan wisata, Hotel, diskotik, pub, cafe, Panti pijat, rumah mesum
jeung tempat - tempat pariwisata liana.
sabab sakabeh pelanggan nu datang kadinya pasti  sura-seuri....
sanes jalma ku keur menderita, bersalah, tolol, pengkhayal, males.......
atanapi jorok


Have a nice day &
Best Regards
Kang Didi






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Make Yahoo! your home page

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke