persis tah sepertos eta, nya atuh sanasib geningan nya....kang    !,.....
-----Original Message-----
From: @@ Ifan [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Monday, March 28, 2005 1:36 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: "Walanda Hideung" --> Re: [kisunda] BELA NAGARA?

pami di pabrik abdi damel mah namina "Jepri = Jepang Pribumi",
gawena teu jauh sareng "walanda hideung", nyieun kawijakan2 parusahaan anu nyangsarakeun karyawan...
 
Panzi
----- Original Message -----
 

dugikeun ka ayeuna geningan "walanda hideung"  teh dipausahaaan2 asing masih aya anu tugasna "me-hk" karyawan tea anu ditugaskeun ku urang bangsa deungeun sangkan euweuh kaributan2 anu ngarugikeun pausahaan eta, "walanda hideung" teh telenges pisan me-hk karyawan sanaos sanes urang walanda atanapi urang bule, tapi gaduh tugas ngabantai bangsa urang.

Baktos, Dani W 

-----Original Message-----
From: mh [mailto:[EMAIL PROTECTED]


> --- Tajimalela <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Upami numutkeun sajarah Indonesia,  matak seueur
> pisan urang US anu kaanggo ku Walanda lantaran sikap
>
> urang US anu tiasa diajak kooperatif jeung
> maranehannana. Tapi sanaos kitu oge urang US gaduh
> pendirian nyalira, komo diajak ngajajah bangsa
> sorangan mah moal daek meureun...?

Upama nginget-nginget dongeng kolot di lembur, aya
beja nu rada beda di eta sawangan. Cenah rahayat
mangsa harita, leuwih sieun ku "Walanda Hideung", nu
gawena sok jadi mandor. Ari "walanda hideung" teh taya
lian dulur urang nu dibere kalungguhan ku Walanda
pikeun pagawean - pagawean tertentu, jiga mandor.
Cenah mah "walanda hideung" teh leuwih telenges, ti
"walanda oroginal". Jeung deui ari "walanda hideung"
hese ngabedakeunana jeung umumna rayat, da kulitna
sarua.

Salam,
MH


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke