punten kang Jamal, anu janteun kepala BIN teh , sanes Raja Inal
Siregar, tapi Syamsir Siregar .
Syamsir Siregar kapungkur kantos janten Kasdam Siliwangi oge,
kaleresan abdi kenal pisan ka anjeun na teh.
Syamsir Siregar teh, gaduhan istri urang cicalengka asli.
kapungkur peundak na oge (jaman bobogohan) , pas anjeun na nuju dines
di bandung.
Syamsir Siregar , kumargi gaduh istri urang sunda, jeung anak2 na oge
ageung di bandung , janteun teu katingal teuing karakter batak na ,
bageur - someah jiga urang sunda.
salam baktos
wardi
--- In [email protected], "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> sok sering ngareungeu yen tentara mah merah putih. sanajan kitu,
siliwangi
> boga jargon, Siliwangi adalah rakyat jawa barat (dan baten meureun)
dan
> rakyat jawa barat (jeung banten) adalah siliwangi. jargon ieu oge ku
> Sriyanto pangdam anyar siliwangi, diapalkeun.
>
> sigana kecap eta mucunghul wirehna baheula, tangtara di jawa barat
nu
> terus dibeungkeut ku ngaran siliwangi, enya, US. sanajan panglimana
mah
> kungsi urang mana mendi. AH Nasution, Kawilarang, Dharsono, beh
dieu Raja
> Inal Siregar (ayeuna kepala BIN), jeung sajabana kaasup nu ayeuna
Sri gala
> eh Sriyanto.
>
> Basa Bung Karno ngayakeun eskperimen pamarentahan, kabinet jadi
sering
> ganti bari teu lila, TNI mah pan teu milu ngurus politik, nya
ngayakeun
> konsolidasi, kaasup nguatkeun organisasi tengtara. cara nu maen
komando,
> jadina gampang jeung tereh. salah sahijina teh nya kaayaan, yen
tentara
> timana bae kodamna, bisa pindah atawa dipindahkeun ka kodam sejen.
dulurna
> sobat kuring di galuh, urang Zeni ayeuna di tarutung.
>
> tapi memang, seler mana bae mun dipindahkeun ka kodam siliwangi, sok
> ngarasa reueus. meureun sugan we kasimaan ku sima siliwangi nu geus
> kakoncara. sarua lah mun urang pasisian lulus sma katarima ka itb.
kungsi
> boga mamang urang tegal, pindah teuing ti kodam mana, sersan mayor
DKT
> (dinas kesehatan tentara). pindah ka brigif 13 galuh tasik. manehna
> ngarasa jadi tentara nu naek kelas. jadi prajurit siliwangi ngarasa
> bergengsi. teu lila boga mamang jawa teh, da pupus katabrak treuk.
>
> jadi siliwangi atawa diponegoro atawa teuing, jero-jerona mah
eusina teh
> tangtara ti mana mendi. tapi sanajan kitu, wartawan senior urang
minang,
> Rosihan Anwar ngaku yen galihna (rohna) siliwangi teh estuning Urang
> Sunda, nu kalolobana menakna (baca: harita menak US teh intelektual,
> budayawan, jst). Siliwangi di jieun digedekeun ku US jeung TS.
harita RA
> nulis di Kompas soal Umar Wirahadikusumah.
>
> jadi, kodam siliwangi teh bisa jadi mangrupa kodam 'sakolaan' karir
> tangtara siga Citibank pikeun bankir. RI Siregar, saberesna jadi
pangdam
> siliwangi,jadi gubernur sumut, terus ayeuna jadi ka BIN. Tayo
Tarmadi, US
> karawang, saberesna jadi pangdam siliwangi, pangsiun, nyalonkeun
jadi
> gubernur jabar eleh, da pasanganana Rudi Harsa Tanaya, ketua PDIP
jabar nu
> seler cina.
>
> aya keneh aki Mashudi-incuna sakola di pangulinan & Mang Ihin.
sesepuh
> jabar nu oge sesepuh Siliwangi.
>
>
>
> mj
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/