Sapuk Kang Rachmat, piraku rek ngagem "Robinhood Syndrome" bae kitu?, nyieun kahadean ku jalan kagorengan? Mun ceuk baraya nu di lingkungan akademis mah "Use Your Brain" cenah.

MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ari ceuk kuring mah, pangwangunan anu
dibangga-banggakeun Ali Sadikin, mentingkeun hasil
ahir anu mangrupa barang-barang kabendaan (materi),
jalan anu mulus, gedong anu sigrong, jrrd. Prosesna
kumaha, teu jadi masalah, akibatna siga kumaha, kumaha
engke.

Kitu oge pangwangunan Indonesia nepi ka era taun 1990
an, anu mentingkeun hasil materi batan non-materi.
(padahal dina GBHN anu baheula dirumuskeun, di jaman
P4 tea,pangwangunan anu dilaksanakeun teh, material
jeung spiritual kudu saimbang). Tapi awal tahun 2000an
ambruk tah, lain wae dina widang ekonomi (materi) tapi
oge mental kalolobaanana masyarakat, kaasup para
pajabat jeung gegeden. Rugina teh dobel, ekonomi
"tikusruk", mental bangsa "moyodok", kakayaan alam
"dipaok" an, dalah tanah oge "dicaplok" (ambalat).

Nepi ka ayeuna, sigana can aya konsep tandingan, siga
kumaha pangwangunan nu rek dijalankeun (da ayeuna mah
teu aya GBHN).Lamun ayeuna Jakarta rek diwangun ku
cara ngalaksanakeun konsep ala Ali Sadikin di tahun
1966-1977, ceuk kuring mah urang Indonesia teh miskin
pisan dina ngamekarkeun konsep/ide pangwangunan. Naha
yakin bakal cocok jeung situasi/kaayaan masyarakat
kiwari?


baktos,


mrachmatrawyani

--- Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Sapuk ka pamadegan Akang & teh Ina. Tapi ceuk abdi
> mah eta teh asbun, hiperbolisme supaya leuwih
> ngayakinkeun gawe/rencana gawena, jadi leuwih
> nimbang plus minus, untung rugina. Sigana mah ceuk
> timbanganana beurat amal hade tina duit judi leuwih
> gede batan amal goreng judina, kasampir dina kecap
> "Tapi saya yakin Allah mengerti apa yang saya
> perbuat".

> Padahal nu kanyaho kuring mah lian ti halal teh
> disaratkeun oge carana  nu kudu hade & bener. Lian
> ti eta pan urang teu meunang nyampuradukeun nu bener
> jeung nu teu baleg. Ieu mah eunteung nu hade keur
> urang sadaya, enya mun bener asbun tapi kahade ah
> urusan naraka mah sanes piheureuyeun.

> salam
> jalakpakuan



Do you Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke