Ki Hasan, perkawis Haji Hasan Mustapa, bukuna aya kenging (dicompile) 
Pa Ayip Oge, Kuring kantos maca kenging nambut ti Ua Sas. Tapi macana 
rada sesah. Kuring oge sering kapungkur sering posting perkawis HHM 
ieu, mangga geura pilarian arsipna.
HHM teh salah sahiji ulama sunda anu diajar agama dugi ka welasan 
taun di Mekkah. Anjeunna diangkir mulih ku Panmghulu Garut, Mohammad 
Musa, kanggo nengtremkeun para ulama garut nu keur padungdengan 
rada "panas" perkawis agama. Ku kapinteran HHM, "debat" ieu tiasa 
ditingtrimkeun.

Waktos di Mekkah, HHM teh kenalan sareng Snouck Hurogronye (SH). 
Waktos SH diangkat jadi penasehat Hindia Walanda, HHM janten 
panasehat SH. Ku SH, HHM direkomendasikeun janten Panghulu Aceh di 
Kutaraja (Banda Aceh ayeuna). Saatosna jadi Panghulu Aceh, anjeunna 
diangkat janten Panghulu Besar Bandung. 

HHM mah kalebet ulama "nyentrik", kanyentrikanana aya dina buku Pa 
Ayip tea. Salah sahijina waktos putrana pupus. Kulantaran putrana teh 
hobina kana musik kroncong, waktos mayitna dicandak ka makam, 
diiringkeun kunu nabeuh musik kroncong!

HHM oge dina neterjemahkeun al Qur'an mun 105 ayat, da ceuk anjeunna 
mah ayat nu sanesna mah henteu aya hubunganana jeung urang sunda, 
janten urang SUnda moal ngartieun. Ayat-ayat perkawis riwayat Nabi-
nabi ku HHM henteu diterjemahkeun, margi henteu aya hubunganana jeung 
sajarah urang sunda.

Waktos geus sepuhna, ceuk Pa Ayip mah, HHM langkung seueur intropeksi 
diri tinimbang ngajarkeun agama kanu lian. Sikep ieu mangaruhan pisan 
ka murid-muridna. Salah sahiji muridna, Ajengan Bangkonol ti 
Cicaheum, ngabubarkeun pasantrenna, teras nyuhunkeun dihampura ka 
santri-santrina, sabab anjeunna geus wani-wani mamatahan ka batur.

Aya kacurigaaan kuring ku naon HHM, kirang diaku dina sajarah. Salah 
sahijina nyaeta anjeunna teh kantos caket sareng SH. Sapertos pada 
terang SH teh, dianggap jalmi kirang hade, kumargi ngamaenkeun agama 
(pura-pura lebet Islam, ari geus sepuh balik deui ka ageman asli 
manehna). SH oge ku kolegana di walanda dianggap teu jujur, teu ngaku 
kantos nikah jeung urang pribumi (2 kali). 

Tah panginten sakitu Ki Hasan, nu kuring terang mah. Ari karya-
karyana mah, salah sahiji anu terkenal, nyaeta : Bab Adat Istiadat 
urang Parahyangan", karya anjeunna ieu parantos ditarjamahkeun  kana 
Basa Walanda. 

Baktos,
WALUYA



 











--- In urangsunda@yahoogroups.com, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ajip Rosidi dina salah sahiji bukuna, ngajentrekeun
> kaheran batur ulinna, nalika Kang Ajip anteng netepan.
> Cenah baturna Kang Ajip guntreng silih tanya, ti iraha
> Kang Ajip jadi leket ibadah. Naha saha jalmana nu geus
> bisa mangaruhan Kang Ajip, pasti cenah moal jalam nu
> masih keneh hirup, paling oge kapangurahn ku jalma nu
> tos teu aya dikieuna. Dina eta gunem catur, najan teu
> langsung ditembrakeun, eta jalma nu di maksud taya
> lian Haji Hasan Mustafa.
> 
> Salah sahiji artikel di PR netelakeun, majar cenah
> Haji Hasan Mustafa teh hiji tokoh Sunda nu sagala
> bisa. Lain wae ahli bagbagan kaagamaan, oge ahli
> kabudayaan jeung sastra Sunda. 
>  
> Nginget-nginget pangajaran sajarah jaman keur budak,
> ti SD nepi ka SMA, asa teu kungsi panggih jeung eta
> tokoh teh. Kitu deui dina pangajaran basa Sunda jeung
> basa Indonesia, dina palebah bahasan kasusastraan, asa
> teu kungsi dibahas perkara Haji Hasan Mustafa.
> 
> Baraya, cing sugan aya nu kagungan bongbolongan, naha
> saha ari Haji Hasan Mustafaa teh? Naon wae karyana?
> Jeung kunaon eta karyaa teu pati dipikawanoh ku
> balarea?
> 
> Salam,
> MH
> 
> 
> =====
> Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
> [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
> 
> 
>               
> __________________________________ 
> Do you Yahoo!? 
> Make Yahoo! your home page 
> http://www.yahoo.com/r/hs





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke