Heuheuheu...tah ieu propokator namina...ceuk abdi mah maksad Kang Yaya teh urang upami teu sudi kana kagorengan ulah ngan kukulutus wungkul...cik bere solusina sangkan kagorengan nu teu dipiharep ku urang teh sirna... Leres kitu Kang Yaya? Hapunten upami abdi lepat...
Tah upami PKS teu sudi narima saran ti Aki Ali Sadikin, sok atuh geura praktekkeun solusi alternatif kanggo nyanghareupan masalah eta...ulah ngan bisana nolak wungkul... Islam teh cenah rahmatan lil alamin...sok atuh kumaha supados urang oge salaku umatna janten bagian tina rahmat keur sasama makhluk ciptaan Allah eta...sok geura prak -----Original Message----- From: Rukayadi Yaya [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: 31 Maret 2005 12:07 To: urangsunda@yahoogroups.com Subject: [Urang Sunda] ...jeung Ali Sadikin..sapuk kang Waluya...sapuk pisan Sapuk kang Waluya, kuring sapamadegan... Moal bisa urang ngomong kieu ka bangsa sejen:"..di nagara kami mah euweuh lacur, euweuh judi, sabab dilarang ku pamarentah jeung agama....". Ceuk saha?..omsetna lewih badag batan dinagara nu dilegalkeun deuleu!!! di Malaysia diatur pamarentah, omsetna leuwih leutik batan di Indonesia yang agamis dan moralis sekaligus koruptorrisss. Tong tong kukulutus siah mun jelema nu loba duit ngamonyah-monyah duitna di X-mas island, di Bukit Genteng, di Thailand, tong kukulutus siah mun duit urang diangkutan kanagara sejen....bongan sorangan teu dibere tempat jeung jalan di nagarana....karunya nya duit urang sumebar di batur....di urang mah mangga bae nyetakan artos...sanes ngahasilkeun atawa muterkeun artos. Judi-lacur, goreng siah deuleu....tapi diantara nu goreng teh aya nu mending sanajan tetep goreng. Da geus puguh teu bisa dilarang, tong boroning ku nagara (ku manusa), geuningan dilarang ku Allah ge anger bae. Lacur, liar (teu dilokalisisi), teu di kontrol, teu unggal 3 bulan di cek awewe nu icalan "software" na, tong gegelendeng siah mun aids, gonorhoo, jeung sajabana sumebar teu katangen teu kapalire, tong gegelendeng siah mun diantara kulawarga anjeun kakeunanaan...bongan teu dikontrol teu dilokalisasi..geus puguh lacur teh teu bisa dilarang. Judi, beu judi, hese deuleu, nyeta atuh mun teu disengker lewih awut-awutan dampak sosialnateh, nya kedah nyadar atuh hese diwagelna, kusabab hese diwagel nya kedah diwadahan sangkan teu nerekab, da geus puguh moal tiasa dihulag. Lacur jeung Judi teh siah duduluran jeung narkoba, mahabu siah narkoba di urang teh, tah kumargi judi sareng lacur teu duurus-teu dilokasir...nerekab siah deuleu narkoba teh....cik barenta atuh..ulah api-api teu nenjo euweuh lacur-euweuh judi nu duanana mangrupakeun sayang narkoba, cobi mun tempatna diatur diawasi, dititenan, diparios....sahanteuna bisa katangen tah dampak teh......teu kaharti nya omongan uing??? hese nya??? enya hese...nu mawi mending nyebat teu satuju kana lokalisir jeung legalisir judi teh nya .... ameh beres lumpat tina pasualan, jeung katempona alim, soleh, moralis, jeung agamis, wios munafik ge...da sedep!!! Sanajan aya di Arab, nu goreng mah goreng, ningan loba TKW diperkosa, sanajan aya di Holywood tempat Bo Derek ngadengkakeun pingpingna, geuningan aya keneh nu alus buktina loba artis Holywood nu marere duit ka korban Aceh. Tah kitu oge, dipasantren ge sok aya nu goreng, atuh kitu deui di lokalisasi sok aya nu alus sanajan saeutik. Lokalisasi jeung legalisir judi teh maksudna keur nyengker meh teu nerekap, meh kaatur sangkan ulah siga kanker nerekab kamana-mana. Enya goreng...goreng pisan uing ge satuju pisan...ngan nyaeta teu bisa dilarang teu bisa disingsieunan...mendingan disengker-diwadahan sangkan dampak sosialna katangen...... Mun teu kop ku ilaing halangan...ningan fatwa ge teu bisa ngahalangan..... ah enggeus..ah.... KangYa Tungtung Seoul --- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kang Yudi, sim kuring oge satuju yen ngadu teh aya > dampak sosialna, > dimana-mana oge anu diharamkeun mah ngandung dampak > sosial anu awon. > Tapi urang oge kedah ningali realitas anu aya. Ngadu > bade Togel (toto > Gelap) ti Singapure atawa ngadu di kompleks > perjudian di nagara urang > teh aya jeung karasa. Ngalarang ngadu di nagara > urang, ukur larangan > dina kertas, kanyataan di lapangan henteu kitu, > ngadu tetep jalan, > malah omzetna, upami saur Ali Sadikin dugi ka 15 > triliyun!. Nagara > (government = tukang ngatur sanes tukang marentah) > kuduna ngatur > peredaran artos anu sakitu seueurna, sabab artos > ieu, lamun henteu > diatur, ukur nyuburkeun cukong, preman jeung aparat > pamarentah anu > korup. Kumaha carana, ALi Sadikin gaduh ide, jeung > geus dipraktekuen > jaman anjeunna kawasa, legalisir ngadu, terus > "diawasi" kalawan sereg > pisan (ketat pisan). Dampak sosial akibat judi liar > langkung parah > tinimbang judi nu diawasi ku pamarentah. > > Jakarta di tahun 1960'an, samemeh Bang Ali jadi > gupernur, ngadu aya > dimana-mana nu ngajalankeun para cukong nu > dibekingan ku aparat > pamarentah, protitusi di jalan-jalan. Jakarta leuwih > tepat lamun > disebut "big Village" (kampung besar) tinimbang hiji > kota (kuring > kantos nonton film living dangerous mel Gibson nu > nyaritakeun jakarta > taun 1965, sedih nempona oge, ceuk pandangan para > bule, jakarta teh > lir ibarat kota di afrika!). Bang Ali berusaha > memeres masalah ieu. > Ngadu dilegalisir, dipajeg, protitusi kitu keneh > dilokalisir (akhirna > ditarurutan ku kota-kota lain di Indonesia). Jakarta > dijieun master- > planna (ieu oge ditarurutan ku dareah lain, nyarieun > master-plan keur > daerahna masing-masing). Keur memeres ieu peryogi > artos, nya meureun > kapaksa artos tina pajeg judi, da ti pamarentah > pusat mah kurang > pisan. > > Tapi, sapertos ceuk Tempo, jaman geus robah, Bang > Ali parantos sepuh > jeung geus teu gaduh kakawasaan naon-naon, tinggal > galakna wungkul. > Ayeuna mah tinggal urusan nu ngarora, bade dicandak > kamana bangsa > urang teh? > > Baktos, > WALUYA > > > > > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give underprivileged students the materials they need to learn. Bring education to life by funding a specific classroom project. http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/