rampesssss...
mangga kalebet teh neneng.. tong asa2 lebet kadieu mah sadayana oge baraya,
perkawis basa mah urag diajar sasarengan we nya...
da abdi ge ari ngakuna mah pituin urangsunda, tapi poek pisan kana kasundaan teh,
 
nepangkeun atuh... abdi Panzi urang bandung nu ayeuna nuju damel di batam,
pami didieu mah masih jajaka, tapi pami di rorompok nembe gaduh istri hiji, murangkalih 2 (pa/pi),
Insya Allah moal waka nambihan deui... hehehe...
 
ari teh Eneng tos kulawargi teu acan...???? :D
 
Panzi
----- Original Message -----
From: Eneng
 

Sampurasun sadaya netter...

sateuacana, abdi teh bade nyuhunkeun di-hampura teu tiasa nyarios
sunda lancar komo deui unduk undak na, bilih engke aya anu
kasinggung boh ku tata basa boh lemes/kasarna, hapunten pisan nya -
da ngaraos na mah urang sunda tapi geuning teu tiasa basa sunda.

tah, ayeuna ka pokok-na, nepangkeun dipasih nami teh, da ku Sunda
pisan atuh - Eneng - (janten panasaran aya sabaraha eneng di milis
ieu nya?), kawit mah ti Ciamis mung lami-na mah di Cimahi, tapi
rorompok ayeuna di jakarta. kumaha Pak moderator/panengah/kuncen
Cekap pan ?

saterasna, Bingah pisan tiasa mendakan milis khusus urang sunda,
tiasa diajar basa sunda deui... sakantenan bade naros,
ari "badingkut" teh hartos-na napn nya ?

Hatur nuhun

Ti_Eneng_urang_nu_ngaku_sunda_tapi_teu_lancar_nyarios_sunda


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke