Ngalalanyahan muka sabangsaning blog atawa jalaloka pribadi, nyanggakeun kotrÃtan munggaran. Eusina mah nu geus "basi" dibahas di dieu, ukur nembrakkeun di "Alas Amer", ceuk MH tÃa mah... jk

Join Multiply to reply to this journal entry or see other stuff I've posted.

You might be wondering what Multiply is -- it's a great new way to keep in touch. Check it out when you get a chance.

If you don't want to receive these messages, just let me know.

Journal EntryBasa Sunda rÃk paÃh?Apr 5, '05 9:42 AM ET
for everyone
Basa Sunda rÃk paÃh, enya kitu?

Kahariwang ngeunaan hal ieu geus datang ti abad kamari, ahir 1800-an atawa awal 1900-an. Puji sukur ka PangÃran, nepi ka kiwari, awal abad ka-21, basa Sunda aya kÃnÃh. Tapi, nepi ka iraha?

Nepi ka iraha basa Sunda dipakà ku (utamana) urang Sunda? Taya nu bisa mastikeun. Naon atuh nu jadi sabab basa Sunda "diancam pati"? Aya sababaraha hal nu bisa disorot ku urang:

  • kadÃsÃh ku basa sÃjÃn, utamana ku basa IndonÃsia salaku Basa Nasional. Salaku basa resmi pamarÃntahan, porsi basa Sunda jadi ngurangan. Barang asup sakola gà geuning, diajar tÃh pan dianteur ku basa IndonÃsia. Katambah deuih ku basa Inggris nu kiwari geus dianggap kacida pentingna. Kungsi ngadÃngà yÃn basa Inggris diajarkeun di TK? Kabina-bina pan? Ari jatah basa Sunda di mana/iraha atuh?
  • basa Sunda geus dianggap teu penting. Nyambung jeung poin nu kahiji, da teu bisa basa Sunda gà moal matak paÃh ieuh nya?!
  • salah kolot; loba kolot nu geus teu hayangeun ngajarkeun basa Sunda ka anak-anakna, jadi wà rÃgenerasi basa Sunda tÃh teu nerus, pegat!
  • sieun salah; loba nu boga alesan teu migunakeun basa Sunda tÃh alatan sieun salah, sieun dicarÃkan ngkÃna. Mimiti sieun salah sahingga jarang dipakÃ, ka dituna beuki teu bisa da tara prak dipakÃ.
  • cara ajar nu salah; di sakola-sakola, ceuk kuring mah aya kasalahan dina kurikulum pangajaran basa Sunda. ÂÃta wà geuning, angka rapot pangajaran basa Sunda barudak (kaasup kuring baheula) sok laleutik. Padahal, niron kana cara ajar basa Inggris nu hasil, kuduna mah dilobakeun praktÃk nyarita, ngadÃngÃ, jeung maca: "speaking, listening, reading".
  • kurangna bahan bacaan; kiwari, mÃmang bahan bacaan basa Sunda kaitung teu pati loba, jeung teu gampang nyiarna. Tapi sabenerna, buku bacaan Sunda tÃh bisa ditÃang, mun bener2 nÃanganana mah...
Sakitu heula baÃ, pikeun "warming up" mah nyukupan.

Hayu atuh, urang ngomong ku basa Sunda, urang nulis makà basa Sunda!



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Reply via email to