Waalaikumsalam Wr Wb
Alhamdulillah Kang Hendin urang tiasa tepang dina dunya maya, inya alloh
hiji waktos mah urang bakal tiasa patepung lawung paamprok jonghok,
ngawangkong langkung daria.
Hatur nuhun parantos kersa ngiringan kana ieu riungan, mangga dilajengkeun
bae.
Saur paribasa mah basa teh ciciren bangsa, bakal kacida lepatna lamun urang
sabage bangsa Sunda dina mangsa kiwari teu ngamumule basa Sunda, basa nu
ngawitan kahartos ku diri urang ti barang gubrag lahir, tangtsona urang teh
dihao hakeng ku Ibu Rama nganggo basa Sunda.

Dina ieu forum urangsunda, aya 5 moderator (sok disebat kuncen), kaleresan
sim kuring kuncen#2, kanggo salajengna mah mangga ngintun serelek (serat
elektronik = email) teh langsung bae ka [EMAIL PROTECTED]

MSasmita
Kuncen#2


-----Original Message-----
From: suhendin [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, April 06, 2005 11:09 AM
To: 'urangsunda Moderator'
Subject: Nepangkeun


Assalamualaikum wr. Wb.
Nepangkeun simkuring Suhendin atapi hendin, ngiring gabung dina ieu milis.
Sateuacanana nyuhunkeun dihapunten, sanaos urang sunda, simkuring kirang sae
nyarios bahasa sunda.
Para wargi sadaya, simkuring kawit ti Bandung daerah kopo, ayeuna di
Tangerang, damel di Universitas Swiss German.
Samentawis ceukap heula salam tepang ti simkuring, hapunten tina samudaya
kalepatan, hatur nuhun kana perhatosannana.

Wassalam,

Suhendin





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for
anyone who cares about public education!
http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke