punten ka kang Nana Korea, ulah salah harti. sanes 'for' nu kedah
dikritik, da eta mah conto kalimah. nu dimaksud teh, ...you, ma'm. ...you,
sir/dad. maksud ma'm atawa sir sanggeus you, sigana pikeun ngaluskeun
kecap you, sanajan bisa jadi ukur negeskeun.

oge ulah langsung lumpat ka sol UUB. da kuring oge salah sarebu nu nolak,
sanajan teu saklek, da rumasa US, jadi nu dipake teh BM. basa merenah.
merenah hartina pikeun saha, kolot, pantaran/sobat loma atawa pikeun
ucing. teu mungkin si kuring nyebut "maneh" ka kolot atawa saluhureun dina
umur.

kang, loba cara jelema -ukuranana alam dunya kang,lain ukur US. sanajan
basa jepang siga nu heuras, aya cara sejen pikeun ngalemesan basana.
nyaeta sikep awak nu nyarita waktu ngalarapkeun eta kecap/basa. urang
jepun ngahormat batur siga nu keur ruku.  urang mah ruku jeung sujud ngan
ukur ka pangeran, paling deet ka kolot/mitoha poean lebaran. hartina, basa
oge sapaket jeung sikep dina ngalarapkeunana.

di jepang-ceuk cenah ieu mah da can kungsi nganjang- ka jelema make kecap
"san" ditungtungna. inggris make mr. sanajan beh dieu, di denmark, msiswa
ka guru ngan nyebut ngaranna wungkul, ngan kusabab make "gesture", kaasup
lentong/intonasi dina ngucapkeunanan, jadi karasa sopan utamana pikeun
maranehna. teu kaci urang nyarita ka kolot bari nulakcangkeng.boro2 ka
kolot ka kabogoh oge teu wani.

dina basa salian aya pilihan kecap, oge aya intonasi (ceuk basa perancis
mah meureun "lentong"). siga urang nyarita ka kolot (oge nu dikolotkeun),
teu sopan mun tarik atawa ngagorowok, komo mun jarakna ngan ukur
sesentian.

soal sopan santun dina basa, sikep basa, lain ukur US nu boga, bangsa lain
oge boga, dina wanda nu beda. ari beda teh embe jeung kapolda, tea.

---------
Ari ceuk kuring mah kang basa ngahormat jeung tingkatan teh sabenerna mah
dua hal
anu beda contona kieu umpamana dina basa inggris you tetep you arek di
tambahan for
atawa naon wae tetep tulisan jeung ucapanna mah you sarua saperti kecap
day tetep
weh day arek ditambahan naon wae oge henteu siga "basa sunda" maenya
ngahormat kudu

mj

http://geocities.com/mangjamal
[EMAIL PROTECTED]




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Reply via email to