Abah Oman, kantos ningal film "Virgin" anu sempet heboh?...naha BSF ngaloloskeun film sarupi kitu....eta film teh didamel kangge mamaparin contoh kangge generasi muda terutami barudak SMA utnuk tidak berbuat seperti itu, atanapi malah menjerumuskan generasi muda? teu layak ditonton sih....bahasana kasar, pakaian sudah berkiblat kebarat..model acuk anu teu acan janten tea..apalagi tingkah lakuna...sex bebas sareng jual beli keperawanan. Sinetron ditv oge tos teu puguh rupina...film porno bertebaran..gampil pisan ayeunamah..teu heran lah barudak teh nurutan. Hasilna salain film pondok barudak SMA anu Abah carios keun, film pendek "lombok" sessi pertamana teh masih barudak bau kencur oge....saha nya anu tiasa ngaleresken keadaan kieu teh.

oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sigana ieu mah ku kamajuan teknologi informasi jeung nasib anu pancen dina widang data sareng informasi, ti mana bae sok meunang warta, boh beja (bacaan), audio (dedengean) atawa kombinasi duanana jeung gambar (audiovisual) ngeunaan sagala rupa, ti mimiti anu penting, pikaresepeun, anu diteangan atawa pikamelangeun. Anu seja disalabarkeun ayeuna teh ngeunaan audio pikamelangeun ngeunaan "kamekaran" rumaja urang, sok sanajan keur sabagean anggota milist, anu sarupa kieu teh tangtu lain beja anyar. Anu dipiharep, teu aya sanes sangkan ieu warta teh jain bahan pieunteungeun.
 
Isuk-isuk keneh, ka si kuring geus aya anu laporan bari nembongkeun conto audiovisualna, saruntuyan gambar-gambar barudak SMA anu keur--Nau'ddzubilaahi min dzaalik, pamugi barudak katurunan urang mah disalametkeun tina laku sarupa kitu--nembong-nembongkeun auratna, nepi ka bulucunna. Enya, sakumpulan budak SMA aya 3-4 urangna, ngahaja nyngkab-nyingkabkeun bajuna tug nepi ka bulucunna di kamar mandi. Eta teh barudak SMA di Jakarta cenah. Dunya memang geus owah. Urang teruskeun lalaunan ngaguarna.
 
Keur anu sok laha-loho kana alamat situs-situs sarupa kitu, ieu beja teh lain beja kamari sore. Enya anu nyieunan gambar-gambar /video teu uni anu bentangna barudak sakola teh geus ti beh ditu keneh aya malah kawilang loba. Ngan, ku ayana beja anu ieu tadi isuk-isuk, tetela laku sarupa kitu teh ayeuna geus bisa disebut terang-terangan.
 
Ceuk anu mere beja tadi, cenah ayeuna di kalangan barudak rumaja SMA jeung industri per-video-an (anu tangtu bae ilegal) ayeuna di Indonesia geus mimiti atawa aca kacondongan (trend) mahabuna nyieunan video klip porno anu durasina parondok (heunteu kungsi samenit). Teu rek kitu kumaha, biayana kawilang murah, cenah, ukur sajutaan. Tujuanana, teu aya deui iwal ti kaperluan dagang tea, alias jualan birahi. Eusina, heunteu ari nepi ka cawokah pisan alias mintonkeun adegan hubungan badan mah, tapi sarupa pangbibita keur boss-boss anu kabeukina nu kararitu sigana.
 
Duh Gusti, melang teuing ka barudak rumaja bangsa urang. Ekses tina kamekaran dunya industri-globalisasi-IT jeung lemahna moral oge tikusrukna paekonomian bangsa jeung panalinga kulawarga nepi ka ngabalukarkeun sarupa kitu. Kukituna, mugi iber ieu jadi hiji "warning" panginget, sangkan urang -utamana anu tos gaduh barudak mangsa ningkat kana rumaja atawa keur meujeuhna rumaja - carincing pageuh kancing, saringset pageuh iket.  Pamugi urang sadaya, khususna anu icikibung dina milist bae heula, tiasa ngajagi kulawargana sewang-sewangan sangkan heunteu ragrag kana kaayaan sarupa di luhur anu kacida pikamelangeunana.
 
Aya sababaraha tips anu bisa dijadikeun lengkah-lengkah panghulag pikeun ngajaga kulawarga tina eta kamaksiatan anu balukarna lain bae keur anu ngalakonana, tapi oge kulawarga jeung lingkunganana. Hapunten, ieu tips teh make rumus "saka" bae heula, alias sakainget. Ke manawi aya waktu luang urang nyusun anu ngentepna):
 
1) Salawasna kudu ngayakeun komunikasi jeung barudak. Satiasa-tiasa, urang kedah terang barudak keur aya dimana nalika maranehna keur di luar imah. Upama anjeunna dihubungan dina HP manehna keur aya di anu, di anu, urang ulah kitu bae nampi, kudu ngayakeun pamariksaan. Pamariksaaan teh upamana (urang nanya ka budak): "Coba anjeun nelepon tina telepin imah atawa wartel anu deukeut di nya ka HP bapa/ibu", jst
 
2) Upama lingkungan sakola barudak teh lingkungan anu jegud, diantara babaturanana aya anu bogaeun alat-alat mewah sarupa handycamp atawa HP anu bisa moto, ulah waka gumbira. Talingakeun lingkunganana, saha bae babaturan eta babaturan barudak, naon bae anu diobrolkeun jeung dilakukeun ku maranehna saba'da rengse diajar di sakola, ka mana trend arulinna, jsb,
 
3) Pake model komunikasi emotional quality. Dina ngobrol jeung barudak, peupeujeuh kolotna teh ulah nempatkeun salaku kolot anu sagala nhyaho, sagala rupa pangbenerna, alias model indoktrinasi. Samemeh nyieun intruksi atawa ngayakeun katangtuan pikeun barudak, teuleuman heula naon masalah atawa kasusah maranehna, naon anu jadi kahayangna, jrrd. Ti dinya tuluy lalaunan urang ngayakeun diskusi anu engkena urang kalawan teges ngebrehkeun naon anu jadi kahayang urang anu sae ka maranehna.
 
4) Reujeungan hiji ancaman atawa hukuman ka barudak dina mangsa-mangsa ngalakukeun ka salahan ku pangajen atawa "penghargaan" upama maranehna nyieun prestasi kahadean. Ceuk dina Quantum Learning, satiap kasuksesan barudak urang, sakumaha bae oge leutikna, eta kudu dirayakeun (celebrate). Urang mah salaku ummat anu nyangking agama lengkah sarupa kitu teh tos aya wadahna, nyaeta syukuran tea. Kudu syukuran atawa celebrate urang kana naon bae sukses prestasi barudak urang sakumaha bae leutikna (kaasup syukuran ulang taun tea kalawan dituturuskkeun kana kahadean);
 
5) Salawasna ulah petot-peto nyieun kahadean sakumaha bae leutikna sareng ngadu'a kalawan eta kahadean jadi wasilah, wasilahna sangkan kahadean urang teh jadi sarupi pangjaga, ka urang jeung kulawarga urang, tina naon rupi hawa jahat anu narik-narik tigebrus kana jurang kahinaan. Teu aya sanes, amal sholeh ka papada manusa teh eta benteng pangkuatna dina ngajaga kahirupan sangkan salamet nepi ka anu dituju.
 
Hapunten, sanes mapatahan ngojay ka meri, jalaran sami si kuring oge nuju diajar jadi kolot. Ieu mah darma nalepakeun ka melang bae. Hirup mah sadayana oge diajar, hirup anu sakali teh kudu sakali jadi da moal aya ulangan hirup deui di dunya pikeun ngahadean naon anu geus salah. Pilihanana ngan aya dua (kalawan anu katilu mah abu-abu tea): sakali jadi dina kahadean atawa sakali jadi dina kagorengan. Pilihan sejenna anu katilu: eta mah anu abu-abu alias campur (nya sakurang-kurangna upama masih seueur anu hadena mah masih lumayan).
 
Hayu urang silih do'akeun sangkan katurunan urang-kahayang mah kulwarga saalam dunya-leupas tina rupa-rupa kajahatan.
 
Baktosna,
manAR
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
  
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Messenger
Show us what our next emoticon should look like. Join the fun.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke