Ke, dupi ieu teh Mang Ganjar seniman kahot balad Pa Nano sareng Mang Atang tea ?
Haturan atuh Mang. Nepangkeun abdi urang Cigereleng, kapungkur mah natanggi sareng Bu Dheniarsah.
Kumaha tah seni kontemporer Prak-Pi-Ling-Kung nu medal di awal taun 80-an teh?
 
punten upami lepat.
(zam)
 
----- Original Message -----
Sent: Friday, April 08, 2005 6:16 PM
Subject: [Urang Sunda] Rumpaka lagu Internet

Para wargi,
 
Taun 2002 sim kuring diperedih ku Sdrk. Ubun Kubarsyah seniman sesepuh Dasentra, pikeun ngadamel rumpaka lagu dina raraga pagelaran "béntang" Sinden di Taman Budaya Jawa Barat (diantawisna anu magelaran téh juara pasanggiri sindén di Subang). Duka ku naon, sim kuring bet asa kaidéan ku "internet"; janten wéh éta lagu téh ngeunaan internet, sok sanajan dijudulan "Kulu-kulu Jagat Anyar". Rumpaka tos disanggi ku sdrk. Ubun, janten tos janten lagu -- malihan mah dipagelarkeun pisan dina éta acara.
Neuleuman paguneman urang sunda di internet ayeuna, asa payus upami ku pribados éta rumpaka téh disanggakeun ogé ka masyarakat urang sunda di internet. Malihan upami mah disaluyuan sareng utami na mah dianggap pantes, situs Kusnet teh dibukana ku laguna anu ieu. Hatur nuhun.
 
 

KULU-KULU JAGAT ANYAR

Ku: Ganjar Kurnia

 

Mukakeun lawang saketeng

Dunya ébréh salegana

Teu dikelir teu diwates

Atrat netra saeusina

 

Dunya kawas ngaheureutan

Kalangkang ti tungtung ditu

sagilek aya di dieu

Omong ukur ngaharewos

ngeundeurkeun sajaladria

 

Ka angin nu ngahiliwir

Panganteurkeun ieu sora

Kulu-kulu enggeus kolu

mo eleh ku Gatotgaca

Ngalalana jomantara

Rek nurutan Anterja

Nyuksruk bumi ka tungtungna

Dibekelan ku pakarang -- meunang nginjeum ti Arjuna

Hate panceg istiqomah – nurutan pangersa Bima

Bari tetep suka bungah – kapan sobat Astrajingga

 

Gan .....

Dunya  henteu ngaheureutan

nu heureut mah horeng panemu urang

legaan mangka legaan

sok bisi kalindes jaman

 

Gan ......

dunya lain kotak wayang

nu anjog ukur ka gebog

legaan lengkah legaan

urang ulah kurung batok

 

Gan .....

Jagat anyar nangtang urang

Lawanan tuluy igelkeun

 

Cigadung, 3 Mei 2002

 

 


Découvrez le nouveau Yahoo! Mail : 250 Mo d'espace de stockage pour vos mails !
Créez votre Yahoo! Mail

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke