Baraya,
 
Teu kakantun ngiring belasungkawa ka Kang Yaya, ku parantos ngantunkeunana anu janten raka di Sumedang, dina dinten saptu kalangkung. Nampi warta ti anjeunna langsung ngalangkungan sms. Sayaktosna, aya duaan anu kawilang pakait caket sareng Kang Yaya anu sami tilar dunya dina waktos anu heunteu patos benten. Anu kadua, wargi Kang Yaya katalian ti rakana almarhumah anu di Tamansari, Bandung (ngantunkeun taun kamari), oge ngantunkeun dinten mingguna di Jakarta. Kukituna, Kang Yaya dina minggu-minggu ieu teh nuju kalintang aya dina mangsa-mangsa sedih kingkin. Pamugi bae anu dikantunkeunana, nyatana Kang Yaya sareng sakulawargi, aya dina katawekalan; pon kitu deui anu ngantunkeun, ditampi iman-islamna ku Pangeran anu Maha Welas tur Maha Asih. Amin.
 
Alhamdulillah, dina lebet saminggu ieu tepang sareng Kang Yaya teh tilu kali. Anu kahiji, dina dinten Salasa anu kalangkung, tepang di Jakarta. Ngahaja si kuring sareng Kang D, nepangan anjeunna di Hotel Melya, jalaran aya urang Korea anu teu tiasa angkat ka Bandung. Acara anu ieu mah teu aya lian ti wawanohan sareng urang Korea anu nepangkeun Neng Xanthirrizha ka abdi sareng ka Kang D. Saha ari Neng Xanthirriza teh? engke bae urang guar dina posting anu bade dongkap, Insya Alloh.
 
Kaduana tepang deui di Bandung, di warnet, malem senen kamari. Si kuring ngadugikeun sample titipan Kang D, pakait sareng urusan Neng Xanthirrizha. Atuh anu katiluna tepang di statsiun KA Bandung, ngahaja nyusulkeun oleh-oleh kanggo Kang Yaya, ti Team Neng Ahira, mangrupa CD.
 
Ayeuna katawis Kang Yaya parantos ol deui, hurung dina YM-na. Wilujeng.
 
Baktos,
manAR 
 
 
 
 
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke