Haturan kang yaya........
Wilujeng mancen tugas deui anu sabihara-sabihari. Tos kamana wae waktos ka lembur..? mani hanjakal sareng si teteh can pendak deui, tapi da kumaha sanes teu hoyong nuju kaleresan pakeupuk. Engkin ka payun panginten urang tiasa patepang.
Perkawis urang islam kapayun IsyaAlloh sapertos Urang yahudi ayeuna.
Kapayun urang Islam tiasa mengusai dunia, sanes wae kadunnyaan, mangrupi teknologi mutahir sareng sajabina tapi akhiratna oge, sok sanaos si teteh teu acan maos sareng nguping dina Alqur'an sareng haditna. tapi ku implengan sareng tekad anu kiat ti bangsa Islam nyalira tangtos bakal janten kanyataan tapi aya syaratna oge ketah, ti ayeuna urang islam ulah sok ngaributkeun paisan kosong, ulah sok sirik pidik , batur maju urang anu ambek, ulah gede hulu, ah.....bersatu wae. Sok geura mun bersatu moal teu sarieuneun tah nagara-nagara super teh sapertos Amrik jeung anu sejenan  .Eta wae aya bom di mana-mana Amerika mani sieun kabina2 anu jadi sasaran urang Islam sapertos Ustad Ba'asyir anu janten terdakwa, padahal can tangtu salah. Tah eta teh cirining kasieunan.......Kitu ceuk sim kuring.....Wallahu alam....
 
baktos
IP

Rukayadi Yaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Baraya,

Baheula Yahudi dibeberik, diubrak-abrik, diruksak,
ditandasa, ditandasa, diusir jeung sajana. Ayeuna umat
Islam, sapertos di Moros Filiphina, di Thailand, di
China (Aighur), di Nagara-nagra Eropa Timur, di
Bosnia. Atuh di endonesia ge sami, di Ambon, Poso....

Yahudi ayeuna metik hasilna sanggeus diubrak-abrik,
ayeuna manehna nu ngawasa dunya sacara duniawiah,
Yahudi dimana-mana kuat.

Cik naha urang islam ge engke sanggeus 50-60 tahun
bakal ngawasa sapertos bangsa Yahudi ayeuna????

Naha aya tidituna (qur'an, hadist) yen dina akhir
jaman umat islam bakal ngalaman nasib sapertos bangsa
Yahudi 50-60 tahun kaliwat.....

Cik mangga pedar, mangga Kang Oman....mama ajengan
geura pedar.

KangYa
Ngalimba ningali umat islam ditandasa


           
__________________________________
Do you Yahoo!?
Plan great trips with Yahoo! Travel: Now over 17,000 guides!
http://travel.yahoo.com/p-travelguide


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke