Ceuk kamus Sunda-Melayu R Satjadibrata anu terbit jaman Jepang taun 2604 (ieu mah sigana taun Jepang, mun kana masehi mah meureun antara taun 1944-45,….cik aya nu uninga teu kumaha konversina), hartina heureuy nyaeta “loeloetjon”.

Lamun diilikan dina KUBS mah heureuy teh hartina banyol, kalakuan pangangguran pikeun karesepan sorangan atawa ngarah gumbira anu nenjo nu ngadenge, ngaheureuyan hartina ngaganggu bari jeung teu niat goreng, ngaheureuykeun hartina ngulinkeun atawa ngabobodo, lamun diilikan deui dina kamus basa Sunda meunang Budi R Tamsyah aya harti lain keur kecap ngaheureuyan nyaeta ngawerejit.

Hartina Kabayan ceuk KUBS mah 1.tukang ngajaga paseban, 2. tukang ngaladenan dina hahajatan aya deui ceuk Ensiklopedi Sunda mah pembantu patih atawa Patinggi dina mangsa karajaan nepi ka mangsa kabupatian dina pamarentahan tradisional nepi ka ahir abad 19 tugasna nyaeta nepikeun paparentah raja atawa bupati ka rahayat, jadi kabayan didieu mah jabatan beda jeung tokoh Si Kabayan.

 

Sigana anu ditanyakeun ku Kang Tatang Es mah heureuy dina harti banyol, lulucon, sedengkeun lulucon atawa banyol aya deui istilah anu mindeng kareungeu atawa kabaca diantarana “keom sakedap” (ieu ciri Kang SR), landong baeud ( ieu aya bukuna anu judulna Landong Baeud asana terbit dina taun 1950an), Mangle nyebatna “barakatak”, atuh Kusnet mah mideng make istilah 4S (sura seuri siga sero).

Ceuk sakaol heureuy keur Urang Sunda geus ngabaju, dimana US ngumpul pasti aya sempal guyon, babarakatakan saleuseurian, nepi ka aya anggapan US mah teu bisa diajak daria, aya bae heureuyna.

R Purbacaraka boga pamanggih, banyol, lulucon (humor) anu panghadena, anu luhur ajena nyaeta banyol anu sanggeus urang bisa diajak seuri satuluyna dititah mikir mikiran eusi tina eta lulucon anu tungtungna urang bisa “ngaji diri” bisa ngaragap maneh, nganyahokeun kaayaan diri sorangan.

Dina carita sapopoe Urang Sunda, tukang banyol, tukang heureuy euweuh deui iwal ti Si Kabayan, aya sarjana Walanda nu kungsi nyieun disertasina dina taun 1929 nyaeta Dr Coster Wijsman nyebutkeun euweuh deui nu pangbeungharna disakuliah nusantara ku carita lucu iwal ti di Tatar Sunda anu nyanda kana carita Si Kabayan.

Carita Si kabayan kungsi dijieun buku ku CM Pleyte anu judulna Pariboga dina taun 1912, Bale Pustaka kungsi nerbitkeun Si Kabayan dina taun 1932, kabehdieunakeun loba buku anu terbit nu eusina dongeng-dongeng si Kabayan diantarana Min Resmana (Si Kabayan Tapa), Moh Ambri ( Si Kabayan Jadi Dukun, ceuk Ajip Rosidi ieu buku teh saduran tina buku pangarang Perancis Moliere anu judulna La Medicine Malgre Lui).

Salian ti Si Kabayan aya deui tokoh sejen nyaeta Mama Lengser ( sok aya nu nyebut Mamang Lengser, Ua Lengser) dina carita pantun jeung si Cepot dina carita wayang golek.

Hartina Lengser ceuk kamus Satjadibrata nyeta jelema kapercayaan raja jaman baheula, aya deui anu nyebutkeun hartina teh turun, lungsur.

Dina carita pantun tingkah paripolah Mama Lengser mindeng ngondang pikaseurieun, boh ucapna boh ringkak paripolahna, malah ku anu ngadarengekeun carita pantun mah bijilna Mama Lengser teh sok didaragoan alatan loba lucuna, kitu deui si Cepot dina carita wayang golek, malah lamun urang lalajo wayang nu dalangna Asep Sunandar Sunarya, porsi bijilna si Cepot teh siga anu dijadikeun kojo boh heureuyna anu ngageuhgeuykeun kaayaan jaman kiwari boh kalakuanana anu kalan-kalan siga anu cunihin.

Peran Mama Lengser dina carita pantun digambarkeunana teh siga anu tetep, umurna geus kolot, awakna bayuhyuh, papakean teu matut, tapi ieu tokoh teh bisa komunikasi jeung Raja kitu deui bisa komunikasi jeung rahayat perana meh sarua jeung si Cepot.

Raja bisa disebut nu ngawakilan “alam atas”, Lengser ngawakilan “alam tengah” jeung rahayat anu disebut “alam bawah”, dina kosmologi urang Sunda aya nu disebut Tri Tangtu, Buana Nyungcung (alam baka, alam para dewa), Buana Pancatengah (medium) jeung Buana Rarang (alam fana, alam manusa).

Mama Lengser bisa disebut medium anu ngahubungkeun antara dunya raja jeung rahayatna, anu ngahubungkeun antara karaton jeung masyarakatna, tangtu we inyana kudu bisa kabula kabale, sagala parentah raja ditepikeun ka rahayatna, kitu deui kahayang rahayat ditepikeun ka rajana.

Nu sok jadi bahan gogonjakan Mama Lengser teh wujud kasarna (awakna) ari wujud lemesna (spiritualna) kacida dihargaanana utamana kajujuranana, pituahna, (bandingkeun jeung Semar atawa si Cepot dina carita wayang), matak teu aneh sanajan raja oge sok ngumaha ka Mama Lengser kitu deui rahayat sejena, dina prakna mere pituah teh tara ieuh umangkeuh ieu aing uyah kidul, tapi tetep kalawan handap asor nepi ka anu dibere pituah teh teu ngarasa kaisinan.

 

Urang Sunda enya resep heureuy resep guyon (humor), tapi heureuyna tara nganyerikeun batur komo bari ngekeak kekurangan batur mah, humorna leuwih nyoko kana “otokritik”, kana kalaipan diri, lamun tea mah aya nu dijadikeun obyek dina humorna malah sok dipikanyaah lain dipikaijid.

Ceuk sakaol ieu teh teu leupas tina kaayaan alam Tatar Sunda nu pinuh ku parentul gunung, alam tropis nu kalan-kalan loba musibah alam, gunung bitu, banjir, longsor jste, sakabeh kajadian alam siga kitu teh teu bisa dilawan ku tanaga manusa, manusa kacida hengkerna dibandingkeun alam anu sakitu rongkahna, tina eta kaayaan manusa Sunda dina nyicinganana kudu harmonis jeung alamna, nya tina ieu kasadaran sakapeung manusa Sunda siga nu ngelehan bae.

 

Carita tokoh Si Kabayan aya di rahayat Sunda, aya dina folklore masyarakat Sunda, inyana “dipikanyaah” ku masyarakat Sunda sok digambarkeun bodo tapi sakapeung sok digambarkeun pinter, jadi aya sifat paradok dina diri Si Kabayan, atawa bisa jadi aya sifat dualisme primordial.

Lamun bodo sok siga anu bodo katotoloyoh (dina carita Si Kabayan ngala tutut), lamun pinter sok bisa ngalingsemkeun batur (dina carita Si Kabayan ngadeupaan lincar), hal ieu bisa dijadikeun pieunteungeun boh keur rahayat boh keur pamingpin, sedengkeun kategori pamingpin kuduna leuwih pinter batan anu dipingpina, harti pinter didieu dina harti kualitas dirina.

Dina campur gaul sapopoe dina mangsa kiwari anu geus campur aduk jeung seler sejen, posisi heureuyna urang Sunda anu tadi geus disebutkeun nyoko kana otokritik can tangtu dipikaharti ku seler sejen, palebah dieu urang Sunda kudu ngaluarkeun jurus kapinteran si Kabayan nyaeta surti kana posisi diri (kualitas), siga heureuy Ungkal bakal kahartieun ku urang Ungkal deui, ku anu ti luar mah can tangtu kahartieun jeung urang Ungkal-na oge dina ngaluarkeun heureuyna teh tara sagawayah (hanjakal tulisan heureuy Ungkal bukuna can kapanggih asa dina majalah, koran….enyaan poho deui…abong kena geus kolot susah inget gampang poho teh enyaan, asana daerah Ungkal teh ayana di Sumedang ngan kuring teu apal dimana lebah-lebahna…).

 

 

Heup ah….sakieu we heula.

Hatur nuhun, mun ieu tulisan dianggap bener nya nuhun we, mun dianggap salah prak we dibenerkeun.

 

MSasmita.

Sumber tulisan Manusia Sunda/Ajip Rosidi/Inti Idayu Press/1985, Si Kabayan Manusia Lucu/ Achdiat K Mihardja/Grasindo/1997, Simbol Artefak Budaya Sunda/Jakob Sumardjo/Kelir/2003, Ensiklopedi Sunda, sababaraha Kamus Sunda, jeung tulisan lain nu kungsi kabaca tapi poho deui sumberna.

 

 

 

 

 

-----Original Message-----
From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED]On Behalf Of taso komiko
Sent: Friday, April 15, 2005 11:13 AM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: [Urang Sunda] Heureuy Bandung

 

·        
Sampurasun....
Punten pribados seja tumaros. Manawi sareng manawi aya
nu kersa masihan waleran. Hatur nuhun sateuancana.

Dupi 'HEUREUY' dina budaya kasundaan teh dimana
nyangkarukna? Maksadna naha eta heureuy teh bagean nu
teu bisa dipisahkeun tina budaya Sunda?

Atanapi heureuy teh mangrupi alat pikeun nyumput
nyalindungkeun pamaksudan. Misalna, loba contoh dina
pergaulan sapopoe, urang teh sering ngajawab atawa
mere komentar bari heureuy upami dina kaayaan rada
kadesek misalna keur adu argumentasi. Maksud anu
saleresna mah yen urang teh geus eleh lengkah ti
lawan. Tapi lantaran dijawab make heureuy rasa eleh
teh bisa dileungitkeun. Atawa api-api teu ngarasa
eleh. Lamun kitu mah meureun urang teh kaasup model
jelma nu teu bisa narima kaelehan (kekalahan).

Teras tokoh Si Kabayan, anu sok digambarkeun cerdik,
tapi sok beuki heureuy dina kahirupanana. Naha eta teh
gambaran karakter urang Sunda anu sabeneurna?

Terus kumaha ari heureuy dikalangan para
nonoman/inohong/pamingpin Sunda? Naha beda ti
heureuyna si Kabayan?

Ah sakitu heula panginteun. Ulah kirang ngahapunten
upami aya basa nu teu mereunah.

Kang Tatang Es.
Bandung.


 




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke