Wah satuju pisan kuring mah kana caritaan Kang Nana ngeunaan perlu urang mikiran
nasibna dulur urang anu keur karerepetan.
 
Ari mas'alah kuring jeung kang Jalak, kang Zamhur tuluy kang Durahman ngayakeun
padungdengan eta mah ceuk pamanggih kuring lain mas'alah anu kudu di hulag sabab
ayeuna urang teu ngabogaan media anu representatif didarat keur ngawadahan salah sahiji sifat jalma nyaeta resep tukeur pandangan atawa debat, ceuk kuring mah padungdengan
model kieu teh malah sehat sabab urang henteu diwajibkeun kudu guyub wae tur satuju
wae. aya kalana urang kudu beda pamadegan tuluy pasti pamadegan urang eta hayang
ditepikeun nya milis ieu salah sahiji media anu saeutik lobana bisa ngabantu ngawadahan bakat alami manusa ieu.
 
Pan ceuk beja kamajuan eropa barat teh kulantaran ayana "Kontradiksi" tuluy jalma eropa
barat ieu bebas "ngutarakeun" pamadeganana tanpa sieun di tewak atawa dilarang.
 
Hampura kang kuring lain diplomat kuring ngan kuli anu keur ngumbara di Semarang
 
salam
Nana Sutrisna

Nana Tea <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum Wr Wb
Kang Zamhur oge para wargi US sadaya, kumaha damang ?. Alhamdulillah si kuring tiasa noong deui di Bakus, mani ngahunyud eta millis tara diparios. Eh pas ningali eusi Millis anu anu ngambay...... eusina teh asli parebut pamadegan.  Kang Ruli Toyota tatanggi abi kumaha damang  ? oge kang Nana Sutresna ( ieu kang Sutrena diplomat at sanes ?), sareng kang Jalak tos atuh meni teu aya tungtungna parebut Sunda. Mendingan oge kumaha ngadungdengkeun kumaha carana kapayun rahayat urang Sumatera lan Jawa ngadamel bangunan anu tahan gempa
Sanes kita akang sadaya ?
Sok ah
 He he he abi bade ngadanguken.

"Zamhur \"PAKUSARAKAN\"" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
satuju pisan sapagodos tah sareng kang jalak.. yen sunda teh lain
priangan wungkul lain padjadjaran jeng galuh wungkul
emut na artikel ti kang oman yen sunda teh...
kaasup sunda priangan, sunda cirebon jeng sunda banten..
kabeh oge sunda.. mun ceunah ngabedakeun tina logat basa,
bujeng2 ning cirebon jeng bandung
dalah di garut mah lembur kuring (cilegong) jeng lembur (cijaringao) beda logat
sok we cobain teu percanteun mah.
jadi ulah aing2lah....
priangan ulah sok pangsunda, nyakitu deui cirebon uloh sok asa
pangcirebon na, dumeh loba urang arab tea... nya saur jeng banten ulah
asa pang bantenan nu jagoan bari gede wawanen

cag ah.....


On 4/17/05, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:


Do you Yahoo!?
Make Yahoo! your home page

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Do you Yahoo!?
Plan great trips with Yahoo! Travel: Now over 17,000 guides!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke