Kecap
pamali ilaharna sok dilarapkeun kana hal-hal anu dipantang boh kana
kadaharan atawa tingkah paripolah. Geus hiji kapercayaan lamun
hal-hal anu geus dicap pamali lamun dilanggar sok jadi
mamala. Pikeun kolot baheula kecap pamali mangrupakeun jurus pamungkas
pikeun nyaram hal-hal anu dilarang. Lamun ceuk kolot geus nyebutkeun pamali,
geus teu bisa ditawar-tawar deui atawa teu kudu ditanyakeun deui naon sababna
yen eta teh teu meunang. Beda deui jeung jaman ayeuna, lamun aya nu nyebutkeun
pamali, malah sok malik nanya, naha ? naon sababna ? jrrd. Kakara
ungut-ungutan tur kahartieun lamun alesanana asup kana
uteukna.
Istilah pamali
diurang sunda mah kaasup pangreana, contona mun urang keur
nyanghareupan bakakak hayam, nek murak huluna cenah pamali sok tereh
huisan, nek murak tunggirna pamali bisi dipangnunggirkeun (
ditinggalkeun maot ngora-ngora), nek murak cekerna, ulah bisi tulisanan
ceker hayameun. Komo deui keur para wanoja nek kaditu kadieu, nek am itu
nek am ieu meuni heurin pisan ku pamali, timimiti ulah diuk dina bangbarung
nepikeun ka ulah murak dewegan sagala. Naha ? Naon sababna? Kitu meureun
ceuk wanoja nu can ngarti bari ditungtungan ku ngomong kieu, "ah eta
mah mitos !" Bener oge mun aya nu boga pamikiran kitu, da asa can ngadenge,
gara-gara mindeng diuk dina bangbarung sok nongtot jodo. Ari geus
watekna, najan diukna pindah kana golodog atawa nepikeun ka lunta
lanto ka mol sagala, tetep we jomlo. Lain jomlo ketah ngan tinggal
nunggu waktu, ngan nunggu waktuna lila pisan.
Sagedengeun ti eta, moal
sapati pati kolot urang ngaluarkeun kecap pamali lamun euweuh hartina.
Baheula nepikeun ka ayeuna loba keneh anu percaya, yen keur bulan
mulud ulah kutrak ketrok kana wangunan boh ngaropea atawa ngawangun anyar,
pamali cenah. Bener henteuna mah mun dilanggar matak jadi mamala, wallahualam !
Tina sabagian tingkah polah anu dipamalikeun sok aya nu ngandung siloka,
contona,awewe ulah sare ngahiji jeung lalaki anu lain muhrimna, pamali bisi
pacampur getih. Kecap pacampur getih didieu, ngandung siloka yen mun sare
ngahiji jeung lain muhrimna bisi ngalakukeun hal-hal anu dilarang ku papagon
agama.
Kiwari anu ngarana pamali
loba nu geus dianggap ilahar dilakukeun, teu inggis deui ku bisi teu rempan
deui kusugan. Abong jamanna geus robah. Mun disaliksik tur dikotektak
ngaguar masalah pamali mah moal aya
beakna, "wong urang sunda mah gudangnya pamali" malah kiwari aya beja
nu matak ngaranjug para jengkol mania yen "Pamali murak semur jengkol!" ulah waka reuwas sabab beja eta
datangna ti bumali pamajikanana pamali.
SR Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links
|
- Re: [Urang Sunda] Pamali syam ridwan
- Re: [Urang Sunda] Pamali nana sutrisna
- RE: [Urang Sunda] Pamali Cecep Wahyu
- RE: [Urang Sunda] Pamali--kakandungan durahman
- Re: [Urang Sunda] Pamali--kakandungan Mamat rachmat
- RE: [Urang Sunda] Pamali--kakandungan Gessang Kris