Wilujeng enjing mama manAR oge  baraya sadayana,
 
mama... tadina abdi oge bade ngiringan elit team na Anne Ahira tea
tapi abdi teu sanggup kedah ngaluarkeun biaya $ 100 per bulan.
 
sareng kamari abdi mendakan hiji investasi on line...
kaleresan didieu nuju ngabahas bisnis di internet sakantenan abdi bade tumaros
manawi mama atanapi baraya anu sanes terang perkawis investasi on line ieu...
 
kanggo lengkepna mangga di klik di alamat ieu  http://www.imperialfund.com/?rid=4174
 
abdi parantos daftar sabage free member janten abdi teu acan invest sapeser-peser acan
abdi hoyong jentre heula, kukitu na abdi bade tumaros di porum ieu manawi aya anu tos terang
atanapi parantos janten member.
 
hatur nuhun sateuacana, hapunten bilih aya nu ngaraos kaganggu ku serelek ieu.
 
Baktos / Kamal
 
 
----- Original Message -----
Sent: 20 April, 2005 6:07 PM
Subject: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Anne Ahira


Kang Ikmal oge baraya sadaya,
 
Biasa lah, eta mah anu hiri dengki ka Anne Ahira, wanoja US ti banjaran, salah saurang anu kenging pangangken sacara internasional salaku internet marketing jempolan (dina alamat web di handap/Kompas, tiasa kauninga, kumaha jempolana Ahira salaku "penulis buku" ngeunaan bisnis di internet).
 
Saur anu uninga/ngawartosan sim kuring, anu mimiti ngadamel warta goreng ngeunaan bisnis Ahira teh aya 2 urang , anu emut keneh namina, nyaeta: Enda Nasution, (nuju) linggih di Thailand. Geuning bangsa urang mah kitu, teu kaop aya seler sabangsana anu sukses, sok aya bae hiridengki (leuwih paur deui upama seug ieu rasa hiridengki teh diturutan ku bangsana anu saseler pisan...emmm).
 
Padahal Anne Ahira teh kungsi direportase  ku harian Kompas, sareng kapilih salaku "woman of the year" tahun 2004 ku Pamarentah. Moal kapati-pati eta media nasional anu oplahna ageung oge Pamarentah ngorbitkeun upami bisnis Ahira kalebet bisnis panipuan atawa heunteu prospek. Ngeunaan Anne Ahira, mangga uningaan koran Kompas di handap ieu:
 
Pikeun ngawaler eta tuduhan (anu diposting di dieu ku Kang Ikmal), Ahira parantos nyiapkeun jawaban (handling objection). Ngan hanjakal, kusabab talatah Ahira ku anjeun, eta "handling objection" teh heunteu tiasa dipostingkeun didieu. Mangga, sapotong tina waleran Ahira kasanggakeun di handap ieu. Saterasna, kanggo anu meryogikeun handling objection ti Ahira salengkepna, mangga, japri bae ka sim kuring. 
 
Baktos,
manAR


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Reply via email to