Baraya sakabeh.
mun kaparengkeun baraya nongton TV, poe rebo malem kemis, jam 8 peuting, di Global TV.

Stasion ieu nayangkeun acara Let's Dance.
Nu matak kuring mudigdig teh nyaeta,
ieu acara  ngadidik barudak ngora urang, pikeun ninggalkeun rasa ERA na.

Acara let's  Dance, nayangkeun  kontes tari. pertandingan tari.
tari anu di tampilkeun, tari-tari modern
nurutan nu sok aya dina Video klip lagu-lagu barat.
teu jauh ti  muter-muter birit,  nembongkeun palangkakan.
Terus anu parahmah nyaeta kostum anu diparake ku penari tea.
estuning matak merangsang.

baju ngan saukur kaen napel na awak,
bujal kaciri, pingping katutupan saeutik.
kelek ngaboleklak, dada kamana-mana.
bajuna merecet deuih, nyitak pisan.
pokona Syuur lah.

ari heug teh ngibing,
siga cacing kapanasan,
kukuliatan,
diputer puter,
beuu panggal wae mah eleh muterna teh.

Jeung anu paling matak prihatin.
ieu anu nari teh barudak keneh.
umur SMA-an atawa  kuliah tingkat handap.
keur mejeuhna.

Ku kituna baraya.
cing sugan aya bongbolongan,
kumaha carana sangkan Global TV teu nayangkeun deui ieu acara.
Melang kuring mah ka si ujang jeung si nyai.





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke