Mani capetang ari si uwa...

Ngiringan saalit ah...

Eta anjing teh tuntungna ngajanggelek janten Batara
Dharma, ramana Yudisthira tea...

Mung aya patarosan, naha leres Yudisthira teh "teu
gaduh dosa"? Kapan dina waktos Bharatayudha teh
anjeunna tos ngabohong ka Drona ku ngawaler patarosan
Drona: "Yudhistira, naha bener Aswatama gugur?", anu
diwaler: "Muhun... gajah tea", bari kecap "gajah tea"
rada diharewoskeun anu maksadna mah supados teu
kadangu ku Drona. Langsung harita oge kareta kancana
Yudisthira anu salamina anggang tina taneuh, harita
ujug-ujug antel kana taneuh... 

AJ

--- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ngiringan soal wayang ......ah. Perkawis Rahwana
> leres pisan di
> Srilangka mah cenah janten pahlawan, kuring kungsi
> ngobrol jeung
> urang Srilangka. Hiji buktos yen alus jeung goreng
> teh relatif, 
> timana urang nempona.
> 
> Drupadi, dina versi aslina, carogena sanes wae
> Yudhistira, tapi
> sadayana pandawa anu lima. Waktu pandawa ngadu Dadu
> jeung kurawa,
> pandawa eleh bebeakan, da dilicikan, tepi ka Drupadi
> dijieun
> taruhan. Pandawa tetep eleh, Drupadi nepi ka
> ditalanjangan ku
> Dursasana (?) nepi ka Bima sumpah, arek nginum getih
> Dursasana.
> Sumpah ieu dilaksanakeun dina perang Baratayudha.
> Dina
> pawayangan, Mahabarata teh dirobah, disaluyukeun
> jeung kabiasaan
> di urang, Drupadi teh ukur istrina Yudhistira.
> 
> Dina lalakon, Pandawa Lima maot, dicaritakeun
> pandawa lima teh
> sanggeus lengser ti karajaan jadi pandita. Dina
> waktuna arek
> maot, maranehna arangkat ka hiji gunung jeung
> istrina Drupadi. Nu
> mimiti maot teh Drupadi, ku Yudhistira ditaroskeun
> ka Dewa kunaon
> Drupadi maot tiheula? ceuk para Dewa, kasalahan
> Drupadi teh
> nayeta hatena leuwih bogoh ka Arjuna tinimbang kanu
> sejen. Terus
> nu maot teh Sadewa, Nakula, Arjuna jeung Bima ku
> alesan kasalahan
> masing-masing waktu hirup. Kantun Yudhistira jeung
> anjingna nu
> satia. Kulantaran Yudhitira mah teu gaduh kasalahan,
> raga badagna
> oge rek dicandak ka kahyangan, tapi YUdhistira
> nolak, lamun
> henteu jeung anjingna nu satia. Sempet aya negosiasi
> jeung para
> dewa, sabab meureun "anjing dilarang masuk" ka
> kahyangan. Tapi ku
> jembar manahna Yudhistira, akhirna anjingna oge
> dicandak ka
> Kahyangan.
> 
> Tos akh.........paroho deui.
> 
> WALUYA
> 
> 
> > Ihhh naha paliron :
> > Karna mah = Adipati Awangga wewengkon di Astina,
> putra Dewi Kunti
> > ti Batara Surya
> > dina babad Maha Barata.
> > Kumbakarna mah = adina Rahwana/Dasamuka raja di
> Alengka dina
> > babad Ramayana.
> >
> > Janten hutang budi Karna teh sanes ka Kumbakarna,
> namung ka
> > Duryodana/Suyudana raja Astinapura.
> 
> 

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke