Kang Agus Her kantos ngawartosan aya degung nu dinayagaan ku para
bule ti Australia, kitu deui dina KOMPAS ("pangulinana" kang AGus
Her) CD ieu oge diresensi. Panasaran milarian di Disc Tara, enya we
aya, boh CDna atawa kasetna. Pas dicobaan karasa "rada" aneh sorana
teh. Sok sieun teu ngeunaheun, meuli we kasetna nu rada murah. Di
setel di imah, geuning lumayan, ngan tetep we asa aya nu "kurang"
hanjakal teu bisa nerangkeun, da kuring lain ahli seni. Ditingali
nayagana, ampir sadayana urang Australia (grup gamelan Swara Naga NSW
Australia), iwal ti nu nyepeng kendang, Agus Roche. Sora kendang
ngadominasi pisan, maklum Agus Roche, memang "jawarana" dina kendang.
Jigana nu teu bisa diturutan ku urang bule, istrumen musik sunda teh,
kendang. Teu aneh, tong boro urang bule, dalah urang Jawa ge teu pati
bisaeun nurutuan kendang Sunda mah nu dinamis pisan.
Bilih baraya aya nu katarik (sanes promosi, da teu diburuhan), mangga
geura dangukeun lagu Bohong akh, ayun ambing, sorban
palid .......versi bule!
Kuring oge meuli CD degung "Sangkala" nu oge diresensi ku Kompas. Tah
lamun nu ieu, bener alus da nu ngamaenkeunana urang sunda sadayana.
Ampir unggal poe ku kuring disetel .....
Baktos,
WALUYA
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/