Ngaran Sunda anu ceuk kuring alus

 

Lalaki :

  1. Kamandaka : Anakna prabu Siliwangi anu jadi Lutung Kasarung; ahirna manehna kawin jeung Ciptarasa putri ti karajaan Pasir luhur Banyumas; nepi ka ayeuna aya keneh patilasan Kamandaka teh di guha Jatijajar Kebumen Jawa tengah
  2. Sanjaya : Raja Galuh anu ngawasa sakuliah pulo Jawa malah ceuk dina kitab rajya – rajya I bhumi nusantara mah kakawasaanana nepi ka pulo peuntas saperti Bali jeung Sumatera cenah. Malah mah aya anu nyebutkeun Sanjaya kungsi ngawasa Nagri Thai sagala.
  3. Harisdarma : ngaran sejen Sanjaya
  4. Pamanah Rasa : Ngaran prabu Siliwangi waktu keur ngora
  5. Jaya Dewata : ngaran sejenna prabu Siliwangi
  6. Jayadarma : Putra mahkota Sunda tapi paeh ngora –ngora; Bapana Raden Wijaya pendiri karajaan Majapahit
  7. Permana : sigana ngaran sejen ti Jayadarma
  8. Ragasuci : raja Sunda sanggeus maotna putra mahkota Jayadarma.
  9. Wijaya : Ngaran pendiri karajaan Majapahit
  10. Kertarajasa Jaya Wardhana : ngaran Raden Wijaya sanggeus jadi raja
  11. Kean Santang : Pamuda pang ngetopna satatar Sunda eleh lah Keanu Reeves mah
  12. Ajar Sukaresi : raja resi ti karajaan Galuh
  13. Jayabhupati : raja Sunda anu sajaman jeung Airlangga di Jawa timur; ngaran lengkepna Sri Jayabhupati Jayamanahen Wisnumurti Samararijaya Wikramottunggadewa
  14. Arya Banga : osok disebut oge Hariang Banga; pewaris tahta karajaan Sunda ti Sanjaya
  15. Sena : bapana Sanjaya; sabenerna leuwih lazim disebut Sanna ngan rarasaan ari Sanna mah kurang genah kareungeuna
  16. Linggabuwana : raja Sunda anu maot di Bubat;
  17. Niskala Wastu Kancana : raja Sunda gaganti prabu Linggabuwana.
  18. Tarusbawa : Pendiri karajaan Sunda
  19. Purnawarman : Raja Tarumanagara pang kawentarna
  20. Dewawarman : Gelar pikeun raja – raja Salakanagara
  21. Geusan Ulun : anu ngadegkeun karajaan Sumedang Larang
  22. Surawisesa : anak prabu Siliwangi anu nyieun prasasti Batu Tulis
  23. Nusiya Mulya : raja Pajajaran gaganti Surawisesa
  24. Ragamulya : Raja Sunda anu nyoba – nyoba mulihkeun deui karajaan Pajajaran di gunung Pulasari Pandeglang
  25. Demunawan : Lanceuk anu kadua raja Galuh Mandiminyak
  26. Wangsakerta : anu ngayakeun gotrasawala ngeunaan sajarah nusantara anu akhirna hasil nyusun kitab Rajya – Rajya I Bhumi Nusantara; wangsa hartina bangsa atawa marga; kerta hartina kota saharti eujeung karta
  27. Kusumah Atmaja : Kusumah hartina kembang; Atmaja hartina anak
  28. Sastranagara : ngaran tukang pahlawan nasional Husein Sastranagara; ngaran bandara di kota Bandung
  29. Wiranata Kusumah : ngaran bupati di Priangan di jaman Walanda
  30. Tanujaya : Sarua keneh ngaran bupati di jaman Walanda
  31. Sutisna Winata : sigana mah ngaran bapana Kania Sutisna Winata tukang mawa acara berita di Metro TV
  32. Tisna Sanjaya : Tisna hartina kehendak (kahayang) atawa nafsu; Sanjaya hartina salawasna meunang/jaya
  33. Sutresna : Su hartina alus; Tresna hartina Cinta maksudna mah meureun cinta sajati
  34. Sutisna : Su hartina alus; Tisna hartina kehendak (kahayang) atawa nafsu; maksudna mah meureun nafsu nu alus nyaeta nafsu Lawamah tea meureun
  35. Natalegawa : ngaran tukang diplomat urang Sunda Marty Natalegawa
  36. Adhitya Mulya : ngaran penulis novel urang Sunda
  37. Wretikandayun : anu ngadegkeun karajaan Galuh
  38. Purbasora : anak raja Galuh Mandiminyak
  39. Tamperan Barmawijaya  : anak raja Sanjaya ti Tejakencana
  40. Windusakti  : masih keneh raja Sunda – Galuh tapi teuing anu kasabaraha
  41. Atmayadarma Hariwangsa : ieu ge sarua raja Sunda – Galuh keneh
  42. Limbur Kancana : Raja Sunda – Galuh keneh wae
  43. Brajawisesa : Raja Sunda – Galuh keneh
  44. Manarah : ngaran asli Ciung Wanara
  45. Suryawarman : minantu raja Dewawarman jeung keturunan langsung dinasti Chalankkayana ti India; anu ngadegkeun karajaan Tarumanagara

 

Awewe :

  1. Ciptarasa : pamajikanna Raden Kamandaka
  2. Dyah Pitaloka : putri Sunda anu gugur di Bubat
  3. Citraresmi : Ngaran sejen Dyah Pitaloka
  4. Dewi Sartika : Pejoang emansipasi wanita ti Sunda
  5. Rara Santang : adina kean Santang; nasibna leuwih hade tibatan Rara Jonggrang anu jadi patung
  6. Kania : hartina awewe
  7. Purbasari : kawentar dina carita Lutung Kasarung; sigana Purbasari teh identik eujeung Ciptarasa
  8. Galuh : hartina permata; ngaran karajaan.
  9. Ratnasari : Ratna teh lamun teu salah mah teu beda hartina eujeung galuh kitu nyaeta permata tea; sari hartina endah; meureun maksudna mah pertama anu endah
  10. Kartikasari : Kartika hartina bulan; sari hartina endah; jadi hartina bulan anu endah
  11. Wulansari : saharti eujeung Kartikasari
  12. Teja Kencana : permaisurina raja Sanjaya
  13. Kancana Wangi : Pamajikan prabu Ciung Wanara ti Galuh
  14. Kancana Sari : Pamajikan prabu Hariang Banga ti Sunda

 

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke