Kang yani,
punten yeuh sim kuring mah ngacaprux wungkul..
perkawis salah sahiji pausahaan kenging Sertifikat ISO, ti ISO 9000 dugi ka
anu Environmentna 14rewuan tea...
saleresnamah teu tiasa dijantenkeun patokan rehna Pausahaan anu kenging
sagala sertifikat boh anu namina ISO, atanapi negara masing masing.. anu
tujuanna kana Customer Satisfaction tea.. ngajantenkeun ketat kana waktu,
super disiplin..  da anu utaminamah karyawanna nyalira.. Pausahaan
ngaluarkeun peraturan jeung kedisiplinan anu ketat.. tah pinter pinterna wee
salaku karyawan kumaha carana ngarah angger tiasa amengan Silaturahmi ka
Lembur KusNet, komo ngawangkong di Warung Leboy mah... da anu diutamikeun
teh.. kawajiban di pausahaan beres.. sagalana lancar.. tah ngariung di
Lembur sareng di Warung oge tenang weee... meun teu acan yakin sagalana
beres mah.. da pasti sesah hayang amengan teh...

ieu mah pendapat sim kuring wae, anu rumasa itung itungan jeung pausahaan
dimana abdi damel ayeuna.. pausahaan loba perhitungannana.. sim kuring oge
salaku karyawan nya sami kitu.. ngan untungna teh pausahaan sawasta, MNC
deuih... janten moal ngarugikeun rahayat, komo nagaramah... hehehee... nu
ayamah diperes terus ku pagawe pamarentah... sanajan SBY keur ngaberantas
KORUPSI oge.. angger wae teu ngaruh jang patugas Pajak jeung Bea Cukai
mah... tetep wee mentaan duit jeung geus euweuh ka era terang terangan...

aeh punten ngacaprux... mangga ah, bade tikereleup deui.... 

* Rumasa, gawe 5 poe saminggu 8 jam sapoe... tapi anu dipake gawe meun
normal mah... 3-4 jam gawe bener unggal poena. .salewihna mah noongan
lembur, ngawangkong di Warung Leboy.. atawa ngopi di PS... ;p

Baktos,


-----Original Message-----
From: MRachmat Rawyani [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Friday, April 29, 2005 10:37 AM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] dongengkeun mattel


Ruar biasa, si teteh masih aya waktos mukaan internet,
padahal pami teu lepat mah Mattel teh salah sawios
pabrik boneka anu tos kenging ISO, hartosna teh ketat
pisan dina soal migunakeun waktos.

Cik ngadongeng atuh Teh, kumaha kaayaan di pabrik
Mattel, pasti baraya KUSNET seneng mirengkeunana,
soalna bade lalayaran ningali mattel di internet, teu
acan tangtos aya waktos, pastina gen infona teh
standar, formal.
Di patokoan anu ilahar di kota-kota, teu ningali aya
boneka produk mattel.

Diantos dongengengngengngeng...na.

baktos,

mrachmatrawyani


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Has someone you know been affected by illness or disease?
Network for Good is THE place to support health awareness efforts!
http://us.click.yahoo.com/OCfFmA/UOnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke