Pangesto, Kang!
 
Wilujeng sumping, Kang Adoel (Kang Doeli Dodet poenya saingan!), wilujeng tepang sareng KUSnet.
 
Perkawis basa Bogor nu heuras genggerong, Kang Adoel teu kudu menta hampura. Jebrod-jebrod bae sing bebas, tong asa-asa... Di Bogor KUSnet loba balad, aya Kang Eko, Kang Ruska, Kang Nugraha, Kang Yayan, kang Mulyana, Kang Viking Bogor, Kang Tantan, Kang Hermansah, sareng nu sanesna...
Nepangkeun oge, simkuring kandar, urang Garut, kungsi sababaraha taun nyuprih elmu di Bogor, ayeuna di Jakarta, eh, di Jatinangor ketah...
 
Mangga lajengkeun...
 
kuncen #5
 
On 4/29/05, abdoelrohim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kumaha kabarna urang Sunda sadaya...???
Abdi anggota anyar hoyong ngariung babarengan dina milisna urang sunda.
Nami abdi Abdul Rohim netepna mah di Bogor
Hapunten nya upami teu kahartos bahasana
malum lah ari urang sunda bogor mah nya kitu tos ka telah " sunda
heuras genggerong "


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke