Kantenan atuh ari ngagebugan mah sanes pagawean anu bener. Tong boro ngagebugan jalmi anu nyandang ustad atawa santri. Jelema anu maok hayam contohna atawa jelema anu sauukur maok cau saruntuy ditatanggana ari geus beunang terus digebugan mah abdi ningalina oge matak piwatireun, komo eta digebugan ku sakampung. Teu pira eta teh alesanana kulantaran can manggih dahar. Aeh naha bet kana dahareun nya...punten pan nuju nyarioskeun perkawis sholat tea.
Kunaon cenah di turki jeung di urang bet aya kajadian samodel kitu, nya eta mah panginten hoyong ngainovasi tuntunan atanapi aturan nu tos aya we. Aya kajadian anu sanesna deui nyaeta seueur jalma2 anu agamana islam cenah sholat teh teu kudu dijalankeun iwal diniatan dina hate wungkul ge geus kaasup sholat. Kunaon bet aya pamikiran/kayakinan siga kitu, nya eta mah maranehna mawa awak/beuteung sorangan we, teu percaya ka Nabi.
Kunaon bet make bahasa arab? saleresna aya baraya anu tos masihan waleran tapi abdi bade masihan sakedik mah. Agama islam diturunkeun di arab eta mah tos Hak-na Allah, kakuasaan Allah bade diturunkeun dimana wae ge. Kaleresan deuih Nabi nyaeta urang arab anu tangtosna bahasana ge bahasa arab. Otomatis qur'an diturunkeun make bahasa arab. Mun teu lepat jaman harita oge aya bahasa lian ti arab nyaeta salahsahijina bahasa ibrani.
Upami Nabi-na kaleresan urang indonesia atawa sunda, tiasa wae Allah ge nurunkeun wahyu di indonesia antukna panginten bahasana oge bahasana indonesia. Qur'anna sareng sholatna oge panginten bahasa indonesia.Tapi da tos paktana agama/wahyu Allah teh diturunkeun di arab.
Filosopina mah kieu nyaeta tujuanana sadaya umat manusa sabagai umat anu hiji eta(yang satu itu) ngagunakeun bahasa anu sami dina ngajalankeun ibadah sholat sabagai tiang agama.
Ari islam prinsipna agama anu diturunkeun keur sakabeh manusa, sangkan manusa ngalaksanakeun ibadah ka Allah.
Dina tata cara ibadah aya 2 widang ibadah nyaeta:
Kahiji Ibadah mahdzah, nyaeta ibadah anu tos diatur sareng ditetepkeun tatacara,upacara jeung waktuna teh ku Nabi Muhammad. Contohna :sholat, zakat, puasa, haji.
Sholat ceuk Nabi "poma aranjeun kudu sholat sakumaha aranjeun merhatikeun kaula sholat"
Teu kaasup sholat upami henteu maca al-fatihah, ieu berarti mutlak kudu maca al-fatihah. Upami ayeuna ngalebetkeun ucapan2 sejen lian ti maca surat2 qur'an eta teu kaasup sholat anu sakumaha tos dipageran ku Nabi. Nya ayeuna mangga wae upami bade diluar aturan Nabi mah.
Kaduana ibadah ghair mahdzah nyaeta ibadah anu diluar katantuan anu tos diatur ku Nabi kaasup patula patalina sareng sagala kagiatan kahirupan, contohna ekonomi, politik atanapi amaliah/perbuatan2.
Sholat dina harti bahasa nyaeta doa. Tapi sholat anu nuju ku urang dicarioskeun nyaeta gaduh hartosan nyarira/pengertian tersendiri (sacara istilah syareat islam) nyaeta sabagai tata cara peribadatan anu husus anu dimulai ku takbir jeung diahiri ku salam. Jadi sholat sacara syareat islam mah teu tiasa ngagunakeun bahasa sejen. Sami jeung istilah Shaum. Shaum dina harti bahasa nyaeta menahan diri. Tapi ari dina harti istilah syariat islam mah nyaeta pan menahan diri dari hawa nafsu, makan dan minum, pergaulan suami istri anu dimimitian ti terbitna fajar dugika maghrib.
Memang saena ari doa2 dina ritual husus mah ku bahasa arab tapi bade nganggo bahasa sejen ge teu nanaon. Mung emang urang teh langkung sae ngarti kana doa2 arab eta. Tapi ngarti kana doa arab teh lain berarti kudu pinter kana bahasa arab. Pan ayeuna mah ampir sagala doa2 tos diterjemahkeun. Eta mah kumaha usaha urang nyarira. (Panginten bade diajar kana bahasa arab, nya eta mah langkung sae pisan)
Ayeuna memang enya ngartikeun bacaan sholat kana bahasa indonesia henteu hese, komo deuih da ari sholat mah bacaanna henteu seueur jeung berulang2. Tapi memahami bacaan sholat pan hartosna sanes berarti kudu nyertakeun atanapi nyelipkeun oge bahasa sejenna. Urang maca takbir.....AllohuAkbar tos ngartos, tos paham dina hate sareng pikiran yen eta teh hartina Allah Maha Besar. Contoh sejen we dina bahasa inggris. Teu kolot teu budak ari ngucapkeun I Love You teh pan lain hartina saya benci kamu tapi saya cinta kamu. Tapi dina ngucapkeunana teh pan urang tos paham kana pikiran yen eta teh hartina saya cinta kamu.
Saleresna cenah aya mahzab anu ngaringankeun dina perkawis bacaan sholat. Tapi ceuk mahzab eta teh upami anu leres2 muallaf. Eta oge cenah ari tos tiasa ngucapkeun bahasa arab mah sholatna kedah nganggo bahasa arab deui. 
Dupi cekap sakitu bae, mugi aya mangpaatna. Upami aya bahasa kirang merenah neda dihapunten kumargi masih diajar keneh.
 
 
 
Neng Iva
 
 
 
  


dudi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Haturan Baraya.....,
 
Baraya, naha nya aya pikiran kitu? boh di urang atawa di turki naha aya kajadian samodel kitu?
 
Ayaeuna urang diruntutkeun:
Aya Islam nabi-nabi saacan Kangjeng Nabi Muhammad tangtuna basa jeung syareatna beda-beda.
Aya Islam anu nyurup ka Nabi Muhammad urang Arab kusabab urang Arab basana ge Arab, jadi pamohalan lamun Nabi nagdugikeun ajaranana make basa asing non arab atawa basa sunda komo basa indonesia mah can aya-aya acan, naha make basa arab? Jawabanana tanyakeun ka ustad da eta mah aya hadisna asana mah...
 
Ayeuna aya Islam syariat Nabi Muhammad di Indonesia. Islam "indentik" jeung basa arab, bangsa indonesia basana indoesia. Bangsa indonesia anu agamana Islam, kudu ngarti basa arab, kitu? atawa Islamna di-indonesiakeun? atawa kawas lolobana urang ayeuna campur, kadang-kadang make basa arab khususna dina ritual khusus eta kaharti henteu maksudna atawa nyerep henteu kana hate?
 
Ceuk kuring mah bacaan sholat ditambah hartina "teu salah" tapi oge "can bener" nepi ka wanci ayeuna mah, anu salah amah anu ngagebugan satrina eta ustad Roy, oge ustadna kuduna mah bisa ngajaga kasalematan santrina, lamun henteu kudu introspeksi jeung evaluasi, madorot jeung mangfaatna.
 
Wassalam,
dudi_ss (asana mah masih sok solatlah make basa arab deuih, jiga nu ngarti maksudna)
 
----- Original Message -----
From: iva wanti
Sent: Wednesday, May 04, 2005 11:00 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Shalat Bahasa Indonesia??

 
Kungsi basa nagara turki dipingpin ku Mustafa Kemal Ataturk dikembangkeun paham modernisasi dina arti westernisasi babaratan (westernisasi pembaratan). Dimana umat islam meunang tekanan politik, ajaran2 agama dirubah salahsahijina adzan henteu ngagunakeun teks/bahasa aslina tapi ngagunakeun bahasa turki. Cenah ceuk anggapan manehna ajaran islam teh katinggaleun jaman matakna kudu dirubah sistim islamna. Duka tah sarua kitu tujuan atanapi paham Ustadz Muhammad Yosman Roy jeung Kemal Ataturk teh. Tangtuna duanana ge mangrupakeun ajaran anu salah ceuk pamadegan abdi mah.
 
 
 
Neng Iva

Bobon Ce <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
punteun kang.. upami ibadah pan nu dicontoh keun ku rosul,
teu kenging ngurang-an atanapi nambihan. (kecuali aya keterangan nu
jelas ti rosul)

punteun da abdi ge nuju diajar.. tapi nu jelas perkawis neuteupan
ngangge bhs indonesia.tangtu leupat, teu aya keterangan nu nyeubatkeun
kenging
sareng teu aya contoh na.


>Suharja wrote:
>

>
>>dulur...
>>ieu aya info kenging ti detikcom...
>>pami aya tarjamah Qur'an nganggo basa Sunda, sih teu aya masalah,
>>tapi kumaha tah pami shalat oge nganggo basa Sunda?
>>pendapat?
>>
>>nb: wilujengtepangogekanggotehimas
>>
>>
>>   
>>


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Mail Mobile
Take Yahoo! Mail with you! Check email on your mobile phone.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke