Ke cobi dierong:
1. Pami teu lepat mah dina Sajarah Sukapura aya silsilah yen pangagung2 priangan nu disebat Kang Nana teh saturunan jeung Mataram ti Jaka Tingkir.
2. Jaman Sultan Agung kulantaran nu neruskeun Sumedang Larang nu ngawasa priangan cenah saindung, jadi sumerah we priangan teh ka Mataram. Pasca perang Ukur Sukapura, Limbangan & Parakan Muncang jadi salevel bupati. Pasca serangan Mataram ka Batavia Indramayu salevel jadi bupati (Wiralodra - nu urang Mataram).
3. Amangkurat II jadi raja, kabeh priangan diberekeun ka Walanda, Sultan Haji jadi raja banten dicekel we banten ku Walanda. Ari Cirebon mah pami teu lepat teu dikeukeup sacara fisik ku Walanda ngan dipecah jadi tilu: Kacirebonan, Kasepuhan, Kanoman.
4.Ti harita Kumpeni/Walanda nyekel tatar sunda teh teu langsung tapi via bupati-bupati, raja-raja leutik. Tuluy administrasina diseragamkeun, sababaraha daerah dijadikeun kabupaten-kabupaten.
 
Cenah mah ti runtagna Padjadjaran urang sunda teh boga tilu karajaan Sumedang Larang, Banten jeung Cirebon. Ngan saprak Sultan Agung naek jadi raja wilayah Sumedang Larang nu legana ngawasa priangan jadi kabawa ngiblat ka mataram. Jadi ti sisi Walanda mah tangtu leuwih praktis administrasina make "style" nu sarua nyaeta nu mataraman tea.
 
 Sok kapikir ku kuring mah naha kulantaran ieu kitu urang sunda ayeuna boga "multikepribadian". Kadang sok hayang ngaku pituin urang sunda ngajeujeur ka padjadjaran, tapi gaya jeung budaya make mataraman, gaya raja tea. Tapi mun ngeunaan hal kaislaman nu dikahareupkeun urang sunda teh ngajeujeur ka kasultanan boh kabantenan boh kacirebonan. Gaya "kiri kanan oke" kitu, egaliter hayu, tawadhu & qanaah hayu, feodal & ngamenak komo..
 
He..he...panjang yeuh ngacapruk.
 
Jalakpakuan
 
 

nana sutrisna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baheula keur zaman Mataram kumawasa di tatar Sunda (Iwal Banten) puseur dayeuh Sunda teh ayana di Priangan nyaeta Cianjur, Sumedang Larang, Ukur, Limbangan, Sukapura jeung Galuh. Waktu VOC ngaganti posisi Mataram puseur dayeuh Sunda masih keneh di Priangan (Priangan sentris masih keneh lumangsung nepi ka kiwari). Meureun anggapan Walanda harita basa urang Dayeuh pasti leuwih bener tinimbang basana urang pasisian saperti Karawang atawa Kuningan.
 
Sigana Walanda embung ngagunakeun basa Karawang atawa basa Kuningan teh kusabab dina jaman harita basa Jawa Cirebonan jadi lingua franca di dua daerah ieu. Walanda henteu bisa ngabedakeun mana basa Sunda, mana basa Jawa Cirebonan. Meureun eta oge.


durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Saju pisan sareng kang nana. Di wewengkon jawa barat teu aya basa sunda nu ancur. Ayana oge keragaman dialek. Aya dialek bandung, karawang, banten, sukabumi, bogor, jrrd. Kabeh eta dialek teh alus. Nunjukeun kekayaan budaya sunda.
 
Tapi kunaon nu diajarkeun di sakola-sakola di jawabarat teh basa sunda "preanger" nu aya basa lemes, basa sedeng, jeung basa kasar? Etamah keputusan politik kolonial walanda (tahun 1840--an). Harita walanda menyadari di jawa barat aya sababaraha dialek basa sunda. Duka naon dasar pemikiranana ahirna walanda milih basa sunda dialek bandung pikeun diajarkeun di sakola-sakola di jawa barat (tingali buku judulna SEMANGAT BARU, karangan urang jepang, MIKIHIRO MORIYAMA)
 
wasalam,
durachman
----- Original Message -----
Sent: Monday, May 09, 2005 12:54 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Nuhun Uwa Sas

Kumaha cageur Kang Done
 
Rek cumarita mah prak - prak weh Kang, entong sieun disalahkeun.
Basa Sunda dialek Karawang memang beda ti basa dialek Bandung atawa Tasik, tapi lain hartina basa Karawang teh ancur malah akang kudu reueus ka basa Sunda dialek Karawang teh sabab basa Karawangan ieu leuwih saeutik campuran basa deungeunna jeung basana henteu titingkatan.
 
Ari kuring asal mah ti Subang Pantura anu basana sarua eujeung basa Karawangan
 
Salam
Nana Sutrisna


done al-abid <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >> > Punten Mun Basa sunda simkuring rada
> balepotan...ceuk
> > abdimah dikarawang, sakieu mah rada lumayan basa
> > sundana...da sebagian besar basa sundana urang
> > karawang mah rada ancur...(Sia Jeung Aing paling
> > Populer..malahan mun aya urang sunda Tasik Atawa
> > Bandung nu super lemes jeung halus teh jadi bahan
> > tontonan jeung tukang diheureuyan,,,heuehuehue...


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Discover Yahoo!
Have fun online with music videos, cool games, IM & more. Check it out!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke