Kang Oman oge baraya sadaya, ngeunaan padungdengan di PR ngeunaan Ki Sunda, ceuk sim kuring mah Tb Dedi Miing Gumelar cs. gaduh pesen "warning" nu tuluyna kudu ditaekeun deui level tarekahan generasi sunda ayeuna dina ngamumule & nanjeurkeun kasundaan. Ari Mira Wiranatakusumah cs ngajentrekeun yen Ki Sunda teh keur usik rek "bangkit". Ari ceuk kuring mah dua sisi oge papada "optimis", teu katingali gurat pesimisna. Ari beda ti dua sisi teh ceuk sim kuring mah:
1.  Miing cs mah nunjukkeun ayana "karuksakan" di sunda/kasundaan, ari Mira Cs mah nunjukkeun tarekahan nu geus dilakukeun;
2. Miing cs diwatesan ku fakta kaayaan di tatar sunda, ari Mira cs nyambit oge jiwa/roh kasundaan. Jadi nu hiji mah babari dibadungdengkeun dan ngomongkeun hal-hal nu real nu hiji deui mah hese dibadungdenkeun di media publik da lumpat kana palsapah nu henteu real tea.
 
Aya nu ngahanjakalkeun sim kuring dina padungdengan teh sabab Mira nanyakeun posisi Miing ngamasalahkeun kasundaan, nu ceuk kuring mah teu relevan nangtukeun saha & reputasina mun rek ngomongkeun sunda/kasundaan. Ari ceuk sim kuring mah teu perelu jeung taya gunana ngamasalahkeun hal eta.
 
 
Atuh terus dikaitkeun padungdengan eta jadi Sunda "Da" jeung Sunda "Sanajan" ceuk sim kuring mah jadi asa teu nyambung. Nya pasti da beda dina nempo padungdengan dina PR. Da kuring mah urang sunda jadi kumaha oge rek ngamumule sunda/kasundaan. Sanajan kuring teu diangken kuring mah tetep we rek ngamumule sunda/kasundaan. Jadi......tetep optimis yeuh.
 
Sakitu ti sim kuring, salam ka abah Surya.
Jalak Pakuan
 


oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya,
 
Poe Senen anu anyar kaliwat, si kuring milu ngariung di dapur sundanet.com di Jl Sukasenang V No 14 Bandung. Anu hadir diantarana Abah Surya, narasumber sundanet.com, Kang Aji kanca ti Yayasan Sawalabumi, Teh Nenny jeung batina anu bungsu, Kang Benny patih goahna sundanet. Anapon anu jadi jejer pajemuhan anu utamana ngeunaan mateakeun (memberdayakan) budaya (Sunda), khususna kasenian, pikeun nepikeun program-program pamarentah. Tapi, dina seuhseuhanna mah padungdengan teh biasa bae "ngaler-ngidul" ngobrolkeun sagala rupa ngeunaan anu aya patula-patalina jeung kasundaan.
 
Diantara anu dialokan dina riungan teh soal anu ayeuna keur meujeuhna rame silih tempas dina koran "PR", kasundaan tea. Upama dititetnan, anu keur adu renyom masoalkeun kasundaan teh bisa ibagi dua golongan. Anu kahiji, anu diwakilan ku Miing jeung dulur urang anu tulisanna sawanda jeung Miing. Cupatna tulisan atawa pamadegan model anu kahiji, ringkesna mah pesimis kana eksistensi kisunda. Anu kadua, anu diluluguan ku saha teh...hilap deui namina, anu ngabela yen sunda aya keneh dikieuna.
 
Aya istilah ti abah Surya anu inget keneh tepi kaayeuna anu ngagambarkeun dua model pamadegan ngeunaan kisunda anu rame di koran PR sakumaha disebut di luhur: Sunda "Da" jeung Sunda "Sanajan". Saur Abah, Sunda "Da" teh larap ka US anu loba teuing luh-lah atawa humandeuar ngeunaan eksistensi kisunda. Disebut Sunda "Da", sabab umumna babasan anu kaluar ti US model kitu nya anu sok dimimitian ku kecap "da". Upamana bae: "Ahh...da urang Sunda mah kitu, tangtu bae moal aya kamajuan", "Bongan da urang Sunda mah tara wani ka hareup", "Da ceuk uing oge Sunda mah kitu...matakna....", jst.
 
Sabalikna, ari Sunda "Sanajan" mah jembar, nyoko kana pasipatan cai, ngalarapkeun salah sahiji harti Sunda, nyaeta cai tea. Enya, salah sahiji harti Sunda tina 25 harti Sunda sakumaha dina buku "Kasundaan Rawayan Jati" teh, nyaeta Sunda = "Cai". Kumaha bae cai, sanajan dihalangan ku rupa-rupa panghalang, cai mah tetep neangan jalan pileumapangeunana. Sakumaha wewegna oge beton anu ngahalangan cai, cai mah tetep bisa sumelesep, nyerep kaditu ka dieu sok sanajan saeutik.
 
Sunda "Sanajan" oge siga cai. Upama geus katingal bebeneranana atawa naon anu sakuduna, atawa jatidiri anu alusna, sanajan loba anu ngahalang, ngece, ngajejeleh atawa ngahina oge tetep moal unggut kalinduan, moal gedag kaanginan. Tetep Sunda kuring arek ka hareup, da kuring yakin mataholangna ajen-inajen kasundaan teh alus. Kitu meureun istilahna teh. Jadi, babasan kecap ti golongan Sunda "Sanajan" mah upamana: "Sok sanajan batur nyebut US teh teu wani ka hareup, kuring mah da US, nya arek mimpin bae sabisa-bisa di lingkungan anu kuring anu kadada kaduga"; "Sanajan disebut teu wanian, kami rek ngabuktikeun yen kami wani nyorang ieu kahirupan", "sanajan basa Sunda ceuk cenah geus mimiti pada ninggalkeun, kuring mah arek tetep usaha migunakeun basa Sunda", jst. Sunda "Sanajan" tea.
 
Sunda "Da' lamun diantep bae bisa ragrag kana babasan "ajag ngajejewet sorangan" atawa disebut oge peta (perilaku) "neluh sorangan". Kitu soteh lamun kaluarna ti urang Sunda kalawan heunteu mere cara-cara jalan kaluarna atawa ngan ukur diuar-uar dina media, jadi konsumsi sarerea. Numutkeun Abah Surya, keur (dunya) atikan mah (satemenna urang sarerea ti mimiti gubrag ka alam dunya nepi ka dikubur, moal leupas tina atikan, sabab "longlife education" tea), Sunda "Da" teh teu hade. Keur konsumsi balarea, peupeujeuh, Sunda "Da" ulah ditabeuh, sakurang-kurangna ulah digegedekeun. Sabalikna, keur dina media, keur ka balarea, anu kudu mindeng disoarakeun teh nya sikep optimis siga babasan ti Sunda "Sanajan" tea. Keur atika politik, komo, Sunda "Sanajan"penting pisan dikahareupkeun. Tingali geura bangsa nu lian, upamana, bangsa Jepang, apan sakitu alusna sikep kana citra diri anu hade teh.
 
Dimana atuh alusna nabeuh Sunda "Da"? Abah Surya ngawaler:" Tah di gedong dprd, di gedong bapeda, dina padungdengan heureut jeung pangagung pamarentah, komo keur madungdengkeun program mah. Taya lian, sangkan anu jadi bangbaluh teh lain ukur diomongkeun, tapi pek dijieun program keur ngobatanana".
 
Cag heula.
manAR
wilujeng jadi Sunda "Sanajan"
http://www.eliteteamindonesia.com/64177
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Do you Yahoo!?
Make Yahoo! your home page

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke