Cakrabuana

Upama naek mobil Sumedang-Malangbong ngaliwatan Wado,
seueur pisan mendakan tanjakan. 
Tanjakan Pasir ringkik Cisitu, oge tanjakan Cikareo
Wado. Matak kelar matak waas. Komo ditambah 
ku pamandangan anu sarwa endahna. CImanuk jiga oray
ngaleor pungkal pengkol, caina kotor coklat tinggal
ngagulaan.
Cilengkrang-Malangbong mangrupakeun hiji kaendahan anu
moal tiasa
dipopokeun kitu wae. Tebih panon nyawang kaanggaangan
ngan gunung jeung gunung, pasir jeung pasir, 
lembur  mayakpak mipir-mipir pasir. 
Pasir anu hejo kiwari beureum, garuratan kasilih ku
cai leuncang. Diperod, digiles, dikoetan. 
Jiga dikoetan ramo-ramo raksasa anu pinuh ku
kasarakah. Jug jleg bangunan cenah mah rek aya tempat 
Peternakan Sapi perah didinya teh. Teu nanaon ceuk
jero hate, mugia sing mangfaat ka wargi anu aya
sabudereunana.
Ngan eta pasir teh siga ceurik balilihan, tina hejo
hadi beureum.
Lamun urang mengkol palebah Cikareo Tonggoh ka kenca,
jalan anu ka Cimungkal. Bakal beuki nanjak jeung tiis.
Palebah Sukanyiru, bakal ngaliwatan jalan anu lempeng
jeung nanjak. digigireun kenca katuhu ting jalegir
tangkal 
siga gapura anu nyampakeun kadatangan urang asup ka
lawang sigotaka.Daunna pating garupay jiga
ngahiap-hiap pikeun
asup ka sisi leuweung.
Sisi Leuweung sapanjang jalan di bageakeun ku sora
tonggeret. Meni recet, tarik pisan...norekan ceuli
nepi ka bengek.
Anehna tongeret teh disada digigireun kenca, basa
leumpang leuwih jauh tonggeret masih kasada  gigireun
ngan belah katuhu.
Teuing tongeretna aya dua, teuing "gema/gaung" na anu
kapentogkeun lamping gunung. Sapanjang jalan gigireun
tangkal kopi 
ngiuhan  taneuh handapna anu laleucir. Matak
betah..hawa gunung mimiti tiis nembus kulit.
Asup ka lebah leuwung asa sieun asa hariwang, tapi bur
ber motor anyar teu ka elehkeun ku di kota aralus
pisan.
Knalpotna masih herang keneh. Asa kunyaah motor anu
sakitu herangna teh ngan ukur keur ngala suluh.
Diluhurna aya 
dahan kai pines sabeungkeut anu panjengna meh
sarua.Naha motor teh bati ngajual kai atawa tinu lian?
aya hate suudzhon tapi gancang istigfhar. 
Jauh ka jero leuweung aya Bapak-bapak jeung hiji budak
tas ngarit jukut gajah. Jauh deui ka jero gunung
palebah 
pengkolan aya treuk jeung loba jelema keur ngala kai.
Palebah luhur lungkawingna meh tangakl pines teh
tinggal tutungul,
ampir bolenang. Treuk ampir pinuh ku kai galabagan
geus dipotongan saukuran. Duh deueuh teuing, dina hate
ukur ngoceak 
gunung aing rek bolenang. Gunung saha? gunung
aing..gunung incu aing..gunung keur engke pijagaeun.
Sieun ari kudu pindah ka Mars anu cenah anu sakitu
panas nyongkab jeung beureum. Apanan lamun bumi geus
euweuh anu bisa didahar 
alamat urang pindah neangan imah ka dua pikeun
bubuara. 
Lamun tangal di dunya tingal ngan sahiji,lamun
walungan anu bersih tinggal nga sahiji, lamun lauk anu
hirup tinggal ngan sahiji
Naha manusa bisa murak duit? Naha manusai bisa murak
emas? Naha manusia bisa murak kakayaan? 
Kuring tetep ngalaju deui, hawa hiji lembur disisi
leuweung geus kajeueung. Hiji lembur anu ngarana
Cimungkal di sisi leuwung atra katingali. 
Sabudereunana tangkal ngemploh hararejo jeung hawa
tiis beuki nerekab. Tengah leueuwng Cakra bisa
katunjuk ku curuk, puncakna dilimpudan ku 
lalangse ibun anu jadi pepedut. Duh mata bagja herang
mata tiis ceuli. Tikajauhan plung plong kaendahan anu
diciptakeun ku Gusti Allah swt mata 
moal bisa digambarkeun. Pasir leutik ngahunyud nemplok
dina suku gunung. Kebon-kebon ngampar hejo siga samak
warna hejo anu diamparkeun.
Hayang...hayang sare didinya meh kuring bisa tibra.
Sisi Gunung...bari jeung ngadedengekeun sora sato
leuweung cenah anu matak sieun. Tapi kuring 
mah sono kana sora beruk, careuh,monyet,manuk,bagong
jeung maung. 
Kebon enteh mayakpak sabudereun lembur...taneuh anu
turun naek matak cape mun leuleumpangan. Jauh ti
kajauhan anu kasawang aya vila-vila anu 
basajan tapi campernik. Villa Pak Haji dikulilingan
kebon manghektar-hektar boganna, jeung vila Boga urang
Lemahputih anu nyaba di Bandung.
Matak betah....tiis,waas. Ngabayangkeun peuting
nyawang tikaanggangan, matak waas mayakpak dibelah
handap ku ting carelakna 
lampu-lampu ti unggal lembur.

Duh Cakra naha iraha kuring bisa ngadedengekeun deui
sora anjeun jiga dina hariring..........
Hiji waktu bakal deui kadinya.........

Moal kuring moal lunta jauh-jauh. Ngan rek didieu
kuring rek nungguan anjeun bari ngadedengekuen sora
alam, Sieun anjeun ngajerit 
geus teu kuat deui ku kasarakahan manusa.

DS
Ngan ukur keur netelakeun yen Priangan teh endah jeung
mata kelaar. Nineung!
he...he..pek siah nineung ka lembur.........



 

    



Website :
http://jatigede.bravehost.com/

________________________________________________________________________
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" 
your friends today! Download Messenger Now 
http://uk.messenger.yahoo.com/download/index.html


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Dying to be thin?
Anorexia. Narrated by Julianne Moore .
http://us.click.yahoo.com/FLQ_sC/gsnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Reply via email to