ke..ke..ke... abdi abdi mah kantos ngadangu teh purwokerto.. sanes purwakarta. mana nu leres nya ? 
 
-------Original Message-------
 
Date: 05/12/05 11:36:52
Subject: [Urang Sunda] Sisipan foto Wabup dina qur'an/yasin
 
kumaha daramang baraya ???(ehm,.... punten rada serak, nuju usum batuk panginten nya...),
Dinten kamari wengi maos koran "R" (koran lokal karawang-cikampek-purwakarta) tgl 11 mei 2005, aya hiji berita di koran eta, WaBup Purwakarta ngadamel/nyetak/memperbanyak qur'an/yasin anu disisipkan ku foto Wabup (P. H. Dedy M, SH) sareng foto kaluwargana, dina eta koran kanggo syukuran ibuna eta Wabup anu tos ngantunkeun, ku sagala tingkah polah eta Wabup di kecam ku ulama2/ustadz nu aya di Purwakarta saurna mah bilih riya tea, tapi aya oge anu ngadukung eta pajabat, nyuhunkeun pencerahan ka baraya sadaya kumaha ari saleresna, haram atanapi kumaha ?, pamendak sim kuring anu awam mah,... sanes seueur yasin anu disisipkeun foto almarhum/almarhumah anu ngantunkeun? sareng hukum-na kumaha nyisipkeun foto diri di qur'an (teu acan maot).       
 
hatur nuhun,
Baktos, Dani Riswandi W


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id


 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke