Oge abdi nitip Kang Yudi mun tos diluhur mangga bae bade nanjeurkeun esprit de corps alumni STAN tapi peupeujeuh kudu disaeur mana emas mana loyang, nu atos-atos seuseueurna ngangge kacamata kuda "right or wrong is my alumni". Hiji deui, sing sabar jeung kudu siap jadi minoritas sabab mun rek lempeng mah ceuk Rendra ibarat manuk kondor, hirupna kasepian atawa ceuk alm Soe Hok Gie mah "berkawan dengan kesendirian".
 
cag ah
Jalakpakuan

Irwan Kusnandar <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Haturan Kang Yudi,

Upami nelaah kana cariosan Kang Yudi, abdi mani reueus ngadanguna.
Kunaon ? Sabab Kang Yudi tos ngamumule ti diri nyalira kanggo
nga-haramkeun anu sanes hak-na.
Saur abdi mah ayeuna Kang Yudi sing disabarkeun heula tong aya pikiran
rek ingkah ti Depkeu, sugan wae Kang Yudi upami di-amanahkeun ku Gusti
Alloh janten Pejabat eselon III, II atanapi I. tiasa ngarobih anu
kararitu. Amiin.

Baktos
Irwan

On 5/12/05, Yudi Irmawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Haturan Kang,
>
> Teu kedah nyuhunkeun dihapunten Kang, da memang leres kitu kaayaana.
> Tong boroning Kang Cecep nu di luar, kadang kawis abdi pami
> mireungeu rerencangan nu siga kitu sok asa hoyong kaluar ti Pagawe
> Negri, sieun teu kiat mayunanna Kang.
>
> Perkawis tarjamah2 mah nya moal nyambung atuh Kang, da memang nu
> dituju ku jalmi kitu mah sanes ngarah leres tapi ngarah kang Cecep
> lieur. Tos lieur teras cingcay atanapi ... nya kadituna mah tos apal
> panginten hehe
>
> Santei Kang, da abdi mah teu ngultuskeun STAN/depkeu. Goreng mah
> goreng we, rek dibolekerkeun siga kumaha oge mangga upami memang
> kitu kaayanana mah. Makana nawisan soteh sugan we ari nu lalebet ka
> STAN/depkeu nu bareresih mah kapayunan moal siga ayeuna. Sok lah
> dalaftar ka STAN ngarah teu didominasi ku jelema teu pararuguh!
>
> yudi
>
> --- In urangsunda@yahoogroups.com, Cecep Wahyu <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Haturan Kang Yudi,
> > muhun punten ieu teh sapertos anu tos disaurkeun ka Kang JP, sim
> kuring sanes bade nyakompet daunkeun.. hapunten pisan bilih cariosan
> ( seratan pas na mah ) sim kuring matak teu raos katampina..
> > ayeuna abdi teh rada kumaha kitu.. punten ieu mah bakat ku lieur
> teuing da nya kitu eta para auditor teh kan lulusan STAN, tapi naha
> dina bahasa urang
> > kedah narjamahkeun wae sedengkeun ari sim kuring nyalira ngan
> lulusan SMA anu tos pasti kamampuan bahasana kurang pisan... palaur
> na teh maranehna ngetest bisi aya anu ditambahan atawa dikurangan ku
> urang.. padahalmah boro boro nambahan dina ngajelaskeunna oge
> rieur :)..
> >
> > Intina sim kuring nyuhungkeun dihapunten wae boh ka kang Yudi oge
> anu sanesna anu tos ngaraos kasigeung ku seratan abdi... anu mung
> kadorong ka keuheul ka sabagean jalma anu matak ngabalukarkeun
> nambahan pangangguran di nagara urang alatan kalaburna para
> Investor..
> >
> > Teu sanggem sim kuring kedah ngagentos posisi kang Yudi mah..
> malah ancur keh.. biasa hirup susah dipasihan lahan anu matak
> piserabeun..meun teu kiat iman mah.. malah nambah ancur ateuh.. jadi
> wae abdi ngawayuh teh.. hehehee..
> >
> > mugia kersa ngahapunten..
> >
> > cag
> >
> > Salam Baktos,
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Reply via email to