Kuring jadi inget biantara Aa Gym nalika Gema Nusa mimiti ketak di
Bandung, nyaeta ngeunaan nartibkeun masarakat & kaberesihan
lingkungan. Anjeunna sasanggeman yen ieu gerakan teh teu aya
patula-patalina jeung seke seler atawa sentimen naon bae, estuning
dina raraga memener masarakat & lingkungan.

Tah, anu harita katangkep ku kuring mah, sasanggeman anjeunna teh
patali jeung naon anu keur diobrolkeun ayeuna, ngeunaan lobana
"imigran" nu pacabakanana di sektor informal. Jadi, lain rek maksud
ngabuburak, tapi rek nartibkeun. Tah (deui), eta koncina. Nartibkeun
masarakat dumasar aturan/hukum! Mun urang teu hayang nempo imigran
minuhan sisi jalan, nya kudu ngarojong ditanjeurkeunana aturan2
daerah. Mun can aya, nya jieun aturan daerah nu alus. Yen di sisi
jalan teh lain tempat dagang, sok adegkeun aturanana, beresan nu
daragang di sisi jalan teh. Yen mun rek bubuara/ngumbara ka Tatar
Sunda, kudu lengkep susuratanana, kudu puguh tujuanana, kudu puguh
pacabakanana, ngarah ngkena teu jadi beban masarakat, nu mun salah
gaul, bisa kagiring kana polah kriminal (misalna kajadian santri
DT/mahasiswa STIKes nu dirampog & kekerasan dugi ka maotna).

Model di sababaraha wewengkon di Indonesia nu administrasi
kependudukanana geus hade (Balikpapan misalna?), mun pamarentah daerah
urang pinter & daek mah, tangtu Pasundan teh bisa leuwih tartib...

On 5/16/05, Deny Suwarja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>  
> nyaeta atuh, pan anu nyekel diluhurna oge cenah di bandung mah urang luar
> oge. Aya anekdot, mun supir angkot ditewak tara dipanjara dan komandan
> kaditlantasna cenah urang sabrang oge. Kitu deui padagang kaki lima jeung
> lain2na, anu jelas mah da jigana, jigana ieu mah. Eta pendatang teh
> "saletor" oge tah kanu diluhur oge, matakna teu bisa diutak atik oge. 
> Urang mah rahayat, teu bisa kumaha. Apan teu gaduh wewenang sanes? 
> Kang dada rosada kumaha tah?


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Does he tell you he loves you when he's hitting you?
Abuse. Narrated by Halle Berry.
http://us.click.yahoo.com/aFQ_rC/isnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke