Kahatur baraya sadaya,

Ngeunaan attachment/lampiran, inisiatif kuring salaku kuncen bae ieu
mah (kusabab pollingna teu acan jejeg), yen pikeun saheulaanan,
ngirimkeun lampiran teh masih keneh diwenangkeun, kalawan aturan,

- eusina penting, utamana tumali jeung kasundaan nu jadi jejer
ngadegna ieu milis
- ukuranana teu badag teuing
- pikeun lampiran nu eusina teks (koropak pangolah kecap, word
processor file), leuwih hade dikirimkeun langsung teksna dina eusi
surat, teu kudu dijadikeun lampiran

Nu teu nyumponan kategori/sarat di luhur, simkuring neda maphum, teu
kedah dikintunkeun ka milis, supaya teu ngabeungbeuratan anggota nu
akses internetna kawates.

Oge ngeunaan eusi surelek, utamana mun ngabales surat batur, eusi nu
samemehna nu kira geus teu dipikabutuh deui, dihapus bae.

sikandar
kuncen #5


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Does he tell you he loves you when he's hitting you?
Abuse. Narrated by Halle Berry.
http://us.click.yahoo.com/aFQ_rC/isnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke