Ari kitu mah satujulah kuring oge

kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Leres pisan, Kang. Kuring ge asana teu kungsi nyebutkeun yen nyandung
dilarang dina Islam. Kapan nyandung teh tos diwenangkeun ku Pangeran,
kuring ge tarima, teu pisan2 antinyandung. Ngan, nyaeta tea, sakumaha
anu karampa ku urang tina bakal kanyenyerianana Fatimah mun Sayidina
Ali nyandung, sigana rasa nu sarua ge bakal karampa ti istri-istri
sejen nu dicandung.
Jadi, dina prungna rek nyandung, ieu pisan nu kudu dipikiran ku urang.
Da lamun pamajikan kuring ridoeun jeung moal nyeri hate mun kuring
nyandung mah, saha nu nyaho atuh... kaparengkeun. Hehe...

Nya mun tatapsiran mah, diwenangkeunana nyandung ku Pangeran teh
mangrupa "akomodasi" kana budaya nyandung di sakuliah dunya. Da lamun
prak-prakanana bener mah, kuring yakin hal ieu teh mibanda hikmah anu
luhung.

Ka anu ngajejeleh nyandung, utamana ka urang Kulon, nya bati seuri bae
kuring mah. Ari kana nyandung nu diatur hukumna kalawan eces pada
ngalelece, ari kana salingkuh jeung sabangsana ukur mararesem.

jk

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Mail Mobile
Take Yahoo! Mail with you! Check email on your mobile phone.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke