Geus aya samingguna unggal kuring indit ka kantor, 
isuk-isuk sok manggihan nu rek milu gacong, ngabring bari 
marawa tolombong jeung nyiru.
Enya da jajalaneun ka imah (di Margawangi) teh ngaliwatan 
heula pasawahan sok sanajan teu lega upluk aplak, tapi aya 
keneh sawah.
Mun ningali kitu sok waraas, ras inget jaman baheula jaman 
keur budak, ngadon pahibut ngilu ka sawah, ngan ukur ribut 
ulin wungkul, nyieun empet-empetan tina jarami, ari ki 
lanceuk mah empet-empetan sok leukeun make janur ambih 
sorana tambah harus.
Aya bedana gacong mangsa kiwari jeung gacong mangsa 
bihari, ari ayeuna mah ngan ukur make arit, ari jaman 
baheula mah kapan make etem. Duka teuing kunaon ayeuna mah 
etem tara dipake, duka pedah parena beke meureun, da 
baheula mah anu inget keneh pare teh asa jangkung, mun 
motongna make etem teh teu kudu dongko.
Tadi peuting kuring ngawangkong jeung budak nu kakara 
kelas 2 SD, ceuk kuring teh " engke dinten minggu urang 
ningali nu gacong yu...!", budak teh rungah ringeuh kalah 
ka balik nanya "....Abah naon gacong teh...?"

MSasmita

Gacong wancahan tina sasangga sapocong hartina sarua jeung 
derep atawa buburuh dibuat.

MSasmita
========================================================================================
Akses Internet TELKOMNet-Instan beri Diskon s.d. 50 % khusus untuk wilayah Jawa 
Timur.
Informasi selengkapnya di www.telkomnetinstan.com atau hub 0800-1-INSTAN 
(467826)
========================================================================================
 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Dying to be thin?
Anorexia. Narrated by Julianne Moore .
http://us.click.yahoo.com/FLQ_sC/gsnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke