Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Punten ah kuring oge ngiring mairan, margi aya pamendak kang Nana saling
"bertentangan". Geura ieu nya :

Nomer 2 : "Warga Jawa barat kudu milih partey anu jelas afiliasina ka Islam"
Nomer 8  "ngaronjatkeun pendidikan, kagemaran maca, kabebasan mikir jeung
kabebasan berekspresi kudu bener - bener dijadikeun udagan pamarentah TS".
Nomer 2 ngudukeun alias maksa ari nomor 8 dipasihan kabebasan mikir
.............

Sabenerna mah euweuh kontradiksi antara no.2 jeung no.8 teh.

 di titah milih partey islam soteh supaya pamarentah TS bisa ngajalankeun SI sacara konsisten, coba lamun US marilih parteyna sakarepna aya anu nasionalis, sosialis, islam jsbn meureun tujuan arek ngalaksanakeun SI moal bener2 bisa diwujudkeun sacara konsisten jeung kaffah.

Sedengkeun kabebasan anu dimaksud kuring diluhur sarupaning kabebasan anu henteu nepi ka tindakan anu ngabalukarkeun SI henteu jalan di TS. Sok wae arek nulis atawa nyarita ngeunaan percaya Atheisme, ngaragukeun alquran, teu ngaku kanabian nabi Muhammad, Pangeranna loba jsbn. pendapat model kitu meunang jeung hak saha wae teu kudu dicegah, tapi omat anu nyarita kitu teh kudu dumuk nangtungna dimana lamun enya atheis nya kudu ngaku atheis, lamun henteu narima alqur'an jeung Nabi Muhammad entong ngaku urang islam. Jadi sakabeh pendapat boh asalna ti golongan mayoritas boh asalna ti golongan minoritas entong dicegah salila eta henteu ngahina kana ajaran agama tertentu jeung henteu nyerang SI salaku hukum anu berlaku di TS. 

nomer 3: "Kawin dimurahkeun, pepegatan dijieun hese, poligami dilegalkeun",
Ieu oge rada aneh, da lamun teu salah mah pepegatan dina fiqh Islam mah,
cukup nyebutkeun pamajikan ditalak sabaraha, jeung disaksian ku saksi dua
urang ...............(CMIIW)

Ieu teh sabenerna tujuanna nyegah generasi urang supaya henteu tigubrus kana maksiat, sabab teu saeutik barudak ngora nahan henteu rumah tangga kulantaran henteu sanggup keur biaya kawinna. anapon pepegatan dijieun hese maksudna mah birokrasi dina ngurus pepegatan teh entong gampang teuing lamun bisa mere solusi keur rumah tangga eta keur naon pepegatan, sabab pepegatan teh dijaman kiwari mah geuning geus jadi mode, rumah tangga anu burakrakan eta teu hade keur anak - anak anu ditinggalkeunana. ari poligami dilegalkeun supaya lalaki anu boga gairah seks leuwih bisa ngalakukeun hajatna tanpa kudu nyieun dosa.

nomer 6: Kang Oman parantos mairan, tapi kuring oge bade nambahan. Soal
agama/ kapercayaan "hirup" dina hate masing-masing manusa. Sanajan urang
maksa ka jelema supaya ulah percaya ka nyai loro kidul, kean santang, prabu
siliwangi ngahyang, pelet, teluh jrrrd acan tangtu kapercayaan ieu leungit.
Kuring rada sieun maca nomer 6 ieu, sabab inget kumaha nagara-nagara komunis
baheula (jiga Uni Soviet atawa Cina) maksa jelema supaya jadi atheis.  Kuil,
gereja jeung masjid ditutup, tapi rakyat nagara komunis tetep maling-maling
ngalaksanakeun ajaran agamana sanajan diancam dihukum oge. Kabuktian ayeuna,
sanggeus loba nagara komunis bubar, agama di nagara komunis henteu punah!.
Nomer 6 oge teu cocog jeung nomer 8, nu mere kabebasan mikir.

Sabenerna mah dina caritaan kuring henteu langsung nyebut make kekerasan tapi "bila perlu" berarti salila jalan damey henteu disambut kalawan hade euweuh salahna make kekerasan. dasar pamikiranna kieu kang, inget di zaman khalifah Abu Bakar sidik harita loba jalma islam anu embung zakat. kusabab ajakan Abu Bakar henteu ditanggapi ahirna make jalur kekerasan nyaeta perang. masalahna naon? diperangan soteh pedah anu embung zakat teh urang islam keneh, coba lamun manehna karesten atawa yahudi ieu moal dipermasalahkeun saeutik oge da puguh cekelanna sedengkeun urang islam embung ngajalankeun hukum - hukumna ieu bakal ngarusak agama islam eta sorangan. Pan salaku urang islam urang teh diwajibkeun amar ma'ruf nahi munkar jeung silih nasehatan dina bebeneran jeung silih nasehatan dina kasabaran, upama urang ngantepkeun urang islam anu sasar tangtu urang enggeus teu ngajalankeun parentah Allah lamun kitu mah. Lamun aya urang islam ngalakukeun lampah sasar komo deui ieu mah musyrik tuluy ku urang diantepkeun meureun engkena agama teh bakal ruksak.

Saumpama anu percaya nyi ratu kidul, nyi pohaci, percaya kana ngahiyangna Siliwangi, ngalaksanakeun perdukunan, pelet jeung santet teh nganyatakeun agamana lain islam ieu henteu masalah anu masalah lamun maranehna ngaku islam. ieu pibahayaeun keur kamurnian ajaran agama urang.


Nomer 10, "Basa Arab jeung tulisan Arab di ajarkeun pikeun narekahan
pamahaman kaislaman anu leuwih hade deui. sabab hese ngarti ngeunaan islam
tanpa ngarti basa Arab".
Teu aya komentar saleresna mah, tapi ari basa Sunda kumaha?

Henteu masalah kang buktina bahasa Persia di Iran tetep hirup, basa urdu di Pakistan ge tetep hirup. jadi euweuh masalah ngeunaan eta mah

Ari perkawis Islam "hiji/saragam" mah, kuring skeptis, sabab aya sajarahna,
1400 taun kapengker, ukur belasan taun saatosna Kangjeng Nabi pupus, umat
Islam kabeulah dua, Sunni jeung Syiah. Ku alesan politik sabenerna mah ngan
tungtungna aqidah oge jadi rada beda. Saterusna Sunni oge kabagi-bagi jadi
sababraha aliran /Mazhab kitu deui Syiah ( aya Ja'fari, Ismailli jrrd).
Urang Sunni jeung syiah sabenerna moal bisa dihijikeun sabab loba nu teu
cocog dina soal aqidah.  Di Indonesia aliran syiah ditolak asup sanajan
sabenerna mah aya oge anu ngagem. Sunni (sunnah wal jamaah) oge loba
aliranana, nu bakal hese ngahijikeunana.

Henteu hese kang, urang make syariat anu mayoritas di TS wae atuh. cara Syiah di Iran cara Suni di Pakistan jeung Aceh. Umpamana di TS islamna mayoritas Suni nya anu diterapkeun teh Suni ulah Syiah. lamun anu diterapkeunna anu minoritas mah nya pasti weh piributeun

Kaimanan mah aya dina hate masing-masing. Saha anu bisa ngarobah ari lain
diri soranganana?

Bener pisan eta teh kang, ngan maksud teh supaya sistemna kondusif pikeun tumuwuhna kaimanan. lamun enya agama teh ngan ukur dihate wungkul tanpa diimplementasikeun dina kahirupan tinangtu moal bener kahirupan teh.

Baktos,
WALUYA

----- Original Message -----
From: oman abdurahman
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Wednesday, May 18, 2005 11:14 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Islam Warna-Warni >


Sigana upama make cara "kekerasan" mah (tingali geura nomer 6 anu ti Kang
Nana), anu kajadian lain "tiasa runtut raut" tur "caina herang, laukna
beunang", tapi sabalikna: "paburisat" jeung "caina kiruh, laukna ...teuing
beunang, teuing heunteu, kumaha behna". Teu aya cara anu sanesna anu
langkung ngajamin "runtut raut, caina herang, laukna beunang"?

manAR






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links



Do you Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke