Kang Dudi, Kang Tirta sareng sadaya. Sakedik ngiring sumbang kecap dina padungdeng perkawis jilbab ieu.

Saketerang abdi, perkawis wajibna jilbab mah tos jelas da aya parentahna dina surat An Nuur ayat 31 (CMIIW). Pakait sareng diwajibkeunana jilbab di Padang, anu kedah diulik teh perkawis (1) wajib henteuna muslim nanjeurkeun hukum Islam salaku hukum nagara sareng (2) kumaha kawajiban muslim nu janten pamingpin. Dua bahasan ieu teh ti kapungkur oge tos janten padungdeng nu haneut pisan.

Abdi bade nyorot perkawis nu kadua, upami kawajiban ieu aya, kasieun abdi teh aya kawajiban di ajaran urang nu ngawajibkeun muslim pikeun nanjeurkeun hukum Islam tur saha wae nu jadi pamingpin diwajibkeun nanjeurkeun sareat ka rahayatna. Dina kalimah sanes, aya kawajiban urang salaku kaum pikeun negakkeun sareat. Ieu nu kedah dipilarian ka ahli fikih sareng tafsir.

Supados jelas implikasina kieu panginten: leres yen kawajiban agama teh kawajiban individu, tapi tong hilap salahsawios kawajiban eta teh nyaeta kudu ngingetkeun dulur urang nu (ngaku) saiman kana kawajiban2 pribadi manehna. Paurna, upami ieu kawajiban teu dipraktekeun ku saurang2 acan aya pertanggelwaleran nu ditagih (nb: teu kedah dikaitkeun kana bencana ayeuna di dunya bilih panjang deui) nyaeta aya patarosan: "naha maneh ngantepkeun ummat maneh teu ngalaksanakeun parentah Kula tapi maneh cicing wae, naha hayang bener sorangan maneh teh?". Didieu pentingna peran pamingpin teh.

Konsep siga kieu ayeuna mah rada sesah ditampi ku urang. Numutkeun abdi, salahsawios sabana kulantaran dina uteuk urang ayeuna mah konsep2 liberalis, individualis, misahkeun antara lingkup publik-pribadi, misahkeun urusan agama - nagara jrrd teh geuning seueur nu tos percaya tanpa reserve salaku hal nu "bener"!!

Padahal numutkeun abdi, konsep2 eta sami2 budaya alias produk manusa nu teu aya bentena sareng tafsiran sabagean ulama ngeunaan agama urang. Akibatna, pikiran2 nyieun aturan nu ngabatesan kabebasan individu dianggap "teu bener" nu artina henteu janten alternatif hirup nu sa-level. Padahal upami dititenan tujuanna mah sami2 ngarah ka wujud na masarakat nu madani, teratur tur saling hormatan, mung benten strategi.

Abdi teu terang mana nu langkung caket kana leres, mung nu jelas, salahsawios kaleuwihan sistem nu rada ngatur masalah pribadi teh, panginten dina daya preventifna sareng daya lindung ka anggota masarakat nu "lemah" sacara pisik, psikologis, ekonomis, atanapi politis. Komo deui dina masarakat nu teu acan rata tingkat pendidikanna sareng masarakat di mana penegakan hukum-na teu acan pengkuh.

Panutup, mangga titenan cariosan Alexander I. Solzhenitsyn nu kenging hadiah Nobel tahun 1970 ti bidang literatur ngeunaan pendapat manehna kunaon rakyat anjeuna (Rusia) seueur ditimpa musibah:

" Lebih dari setengah abad yang lalu, ketika saya masih kecil, saya teringat saat mendengarkan sejumlah orang-orang tua memberikan penjelasan berikut ini atas bencana dahsyat yang menimpa Rusia: "Manusia telah melupakan Tuhan; itulah mengapa semua ini terjadi."
Sejak saat itu saya menghabiskan hampir 50 tahun untuk menulis tentang sejarah revolusi kami; dalam proses tersebut saya telah membaca ratusan buku, mengumpukan ratusan kesaksian dari orang-orang, dan telah menyumbangkan delapan jilid karya saya dalam upaya membersihkan puing-puing reruntuhan yang tertinggal akibat petaka tersebut. Tapi, jika sekarang saya di minta untuk mengatakan seringkas mungkin penyebab utama revolusi yang menghancurkan tersebut, yang menelan sekitar 60 juta rakyat kami, saya tidak mampu mengungkapkannya dengan lebih tepat kecuali mengulang perkataan: "Manusia telah melupakan Tuhan; itulah mengapa semua ini terjadi." (Edward E. Ericson, Jr., "Solzhenitsyn - Voice from the Gulag", Eternity, October 1985, hal. 23-24, dikutip ti seratan Chandra, "Surat untuk Atheis!!" ww.penulis-muda.blogdrive.com ).
 
Janten pikeun abdi: "Sareat? Siapa takut? Toh hirup sareng paeh abdi sanes abdi nu nangtoskeun!". Sareat mung saukur "harga" nu ditetepkeun ku Pangeran keur "meuli" rido-Na. Mun urang nganggap kabebasan individu langkung luhur hargana tibatan eta, mangga teh teuing, da tiap manusa moal nanggung amal batur. Amal hade keur anjeuna, amal goreng kanggo anjeuna.

Nyanggakeun
y

On 5/19/05, Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Punten,
 
Janten kasimpulanana, teu aya hukumna dina Islam, maksa awewe make jilbab, kitu kang? Masalah di Padang sareng di Aceh eta mah masalah adat wungkul?
 
Pemahaman kuring salami ieu, paling mun misalkeun aya awewe muslim di nagara nu nerapkeun sareat Islam, teu make jilbab hukumana dikucilkeun, dianggap awewe bangor atawa sajaba ti eta.. Kawajiban urang paling mere nasehat ka awewe eta sangkan nutup aurat..
 
Ieu pemahaman kuring ukur make akal jeung elmu kuring nu saaya-aya, rumasa elmu tentang dalil naqli namah teu gaduh, nya paling ge apal, yen aya ayat dina Al Qur'an nu marentahkeun awewe nutup Auratna. Hadist Nabi, Ijtihad sareng Ijma Ulama na mah rumasa teu apal da ngaji gen ukur keur leutik bari kudu dipaksa kunu jadi kolot...


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Reply via email to