Abdi ge kapungkur janten baraya enggal asalna mah ditingali heula postingan hiji2na baraya tapi henteu tiap baraya. Teras ngawanohkeun nyarira, palebah dieu mah nya kedah pede we.
Mun hoyong langkung wanoh sareng baraya heubeul nya kumaha we carana mah nya. Tiasa panginten lewat ceting atanapi lewat millis pribadi. Tiasa bari ngobrol didieu.
Eh muhun abdi bade naros ka kuncen, aya watesan ngintun postingan henteu?
Bilih aya anu bosen cenah ngintun postingan teh meni seueur .
 
 
 
 
Neng Iva

kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Siap, Bah!

Aeh, da geus beres nya sigana mah soal saran-menyaran teh...
Nya atuh, sakali deui urang ulas ringkesna...
- Pikeun unggal baraya nu anyar asup, mun teu salah bakal narima
pangwanoh ngeunaan milis ieu, oge ngeunaan ayana database anggota
milis, nu tiasa dieusian & ditempo ku unggal anggota.
- Pikeun ngawanohkeun & ngalomakeun, cara nu jetu nyaeta ku pancakaki,
ngawanohkeun kuanjeun sakaligus tatanya sugan aya nu kasang
tukang/lemburna sarua.
- ulah salah, di ieu milis nu geus wanoh patepung beungeut mah paling
ngan saehena, teu loba. Naha bet siga nu geus waranoh? Nya heueuh
atuh, da meh unggal poe ngobrol, gunem catur, ngabuih di dieu. Jadi,
perlu waktu oge. Malah, teu kungsi panggih oge bisa nguntungkeun keur
urang. Misalna kuring, moal kagok mun rek nyarekan salasaurang warga
milis, misalna Kang Duli. Karep teuing itu ambek ge, paling ge males
nyarekan, bari jeung cape ngetik. hehe... Mun bari pahareup-hareup
mah, sangeuk teuing kuring wani nyarekan, kaburu mesat beceng atuh,
Kang Dulina ge...

geus ah, bet jadi nyontoan teu bener kuncen teh...

permios ah, adios amigos, horseh!

jk

On 5/20/05, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Tah ieu mah tugas kuncen kanggo ngabejerbeaskeun tata
> etika sareng perkawis kagiatan sareng web urangsunda.
> Mangga ah, disanggap ku para kuncen.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Mail
Stay connected, organized, and protected. Take the tour

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Reply via email to