Wilujeng milangkala Kang Akos.....duh punten telaaat pisan, da eta teu muka kabeh surelek.
Hmmm......jadi ka neng Yuni nu sekretaris mah bedo nya, ari ka neng Yuniko "affair"na dituluykeun teu?
JP
akos kosasih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
akos kosasih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum wr.wb.
hatur nuhun teh Tien, Ua Siddik, mang Oman kum bae
kasadayana kana pidu'ana.
Sakalian rek ngadongeng ngeunaan milangkala kamari.
Mangga wilujeung...
====
Minggu kamari kuring milangkala anu ka 35 taun.
Enjing-enjing harita teh, aya rarasaan anu teu geunah
dina jero hate. Ngan can ka irong boa rek aya naon.
Gek diuk bae na korsi maca Koran bari sarapan beuleum
roti. Sakali-kali, bari ngaregot cikopi, ngareret ka
indung budak anu keur naherkeun cai jeung nyiapkeun
bekel barudak sakola. Tong boroning mere kado, horeng
ngucapkeun �wilujeung milangakala� oge hanteu. Rengse
nyiapkeun bekel barudak, ngaleos bae pamajikan ka
ruang tamu bari ngajajapkeun barudak nepi ka buruan.
Barudak oge saruwa kitu, tara tisasari ieu mah,
ngaleos bae teu uluk salam bujeng-bujeng cium
panangan.
Sapapanjang jalan ka kantor, pikiran ngahuleng kamana
mendi, aya rarasaan teu dihargaan deui ku anu jadi
budak jeung pamajikan. Bae lah, geus pararoho meureun.
Jlog nepi ka kantor, paamprok jeung si Yuni sekretaris
pokna teh �Wilujeng enjing, Pa. Wilujeng
milangkala..�saurna bari ngiceupan panon. Kutan aya
keneh jalma anu ngemutan milangkala uing teh euy, sok
sanajan mung ngucapkeun wilujeng wungkul oge.. rada
reugreug lah, lamun aya anu merhatikeun mah.
Jam satengah dualas siang, si Yuni keketrok panto,
ceuk manehna teh� Pa, kumaha lamun urang tuang siang
di restoran, duaan bae ambeh romantis. Apan Bapa teh
nuju milangkala dinten ieu lin?�engke Yuni ditraktir
nya?�. Sakapeung mah ieu budak sok rada cunihin. Enya
resep we nu aya tuang siang bari ngaheureuyan manehna.
Rengse tuang siang di restoran, na jero mobil ka
kantor-keun, si Yuni nanya :�Geuning dinten ieu mah
cuacana endah pisan nya, Pa. Lebar ah lamun urang
balik deui ka kantor. Kumaha lamun ayeuna urang ka
kost-an Yuni bae, urang ngobrol diditu wa atuh?�. Teu
mikir dua kali, kuring langsung ngahaminan. Biur we
mobil dipengkolkeun ka arah kost-na si Yuni. Sapanjang
jalan, pikiran jorang geus napel na tarang. Sagala
rencana geus dirarancang.
Nepi ka imah kost-anana si Yuni langsung asup kamer
tidurna bari ngomong,�Bapa antosan heula di ruang tamu
da teu aya sasaha ieuh. Abdi bade gentos acuk heula
supados rineuh ngobrolna nya?� bari ngiceupan panonna
deui bari abus na jero kamer tidur.
Singhoreng, teu kungsi lila, si Yuni kaluar bari mawa
kueh tar gede, ditukangeunana aya pamajikan, barudak
kuring, jeung baturan sakantor kaluar tina jero kamer
tiduri bari nembang lagu �Happy birthday�.
Sawatara eta kuring tungkul bari mesem ngajedog na
korsi��buligir.
=========
Cag sakitu heula.
Wassalam,
baktos akos
*meunang nyaritakeun deui teuing ti saha...
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new Resources site
http://smallbusiness.yahoo.com/resources/
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Dying to be thin?
Anorexia. Narrated by Julianne Moore .
http://us.click.yahoo.com/FLQ_sC/gsnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
Do You Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new Resources site!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

