Deudeuh teuing kang Kinkin sing sabar tawekal, kajantenan kitu kantos karandapan
ku abdi sakeluarga didieu dua taun kapengker matak sedih sareng nalangsa.
Kajantenana mah pedah ka abdi aya tamu ti Asociation Musulman NC niatna da sanes
bade dakwah mung hoyong silaturahmi sareng sasami umat Islam, pedah abdi sakeluarga
ngan hiji-hijina keluarga muslim di ieu pulau, da eta mah barang turun di pelabuhan tos
di arusir ku urang dieu teu kenging nincak ieu pulau kaleresan punbojo nu ngajemputna
nya pun bojo nu di sorot, janten urusan pulisi sareng ti gouvernement nga intrerogasi
naon maksud sareng tujuana, punbojo nerangkeun tujuana mung ukur amengan nya di pasihan
ijin tinggal 5 dinten wungkul tapi salami lima dinten eta rorompok di talingakeun akses internet
oge di kontrol bilih aya kontak sareng Al Qaida cenah........Ya Allah, padahal mah terang oge
heunteu. Matak dugi ka ayeuna sok ginggiapeun.
 
Tah gening Islam teh dimana-mana di benci sareng di pikasieun di sakompet daunkeun
sareng teroris.
 
Lilies
 
 
mirajul muttaqien <[EMAIL PROTECTED]> a écrit:
naha ari di lembur masih rame kitu masalah Bin Laden teh? Cik baraya kumaha tah...?
mun seug di lembur mah meren moal melang teuing, tapi da puguh ieu mah di nagara batur, jadi kuring ge rada reuwas..., ngan nya mudah-mudahan we taya nanaon, da puguh kuring mah ukur pangajian unggal minggu sakalian pembinaan ka barudak TKI sangkan ulah tigebrus kana jalan nu teu pararuguh...
 
tah kumaha geuning ... Uwa Sidik, Kang Yaya, Kang Ijay .... saha deui nya Kusnet van Seoul teh..., mangga ach nyanggakeun sadaya-daya ...
 
ALLAHU AKBAR......    
 
 


Do You Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new Resources site!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Découvrez le nouveau Yahoo! Mail : 1 Go d'espace de stockage pour vos mails, photos et vidéos !
Créez votre Yahoo! Mail

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke