ehm..
asa kaemutan..
saprak
ninggalkeun Bandung yeuh.. ampir 11 taun katukang, tara deui ngadangu sora manuk
cungcuing..
baheula keur masih keneh manggon di Bojong Kacor mah mani asa mindeng
pisan ngadangu manuk cungcuing teh....
dupi Koreak teh hartosna manuk Gagak tea?
Baktoz,
-----Original Message-----
From: mh [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, June 01, 2005 10:37 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Bewaraaaaaa---Insya AllahAya tilu jenis manuk nu pikeun urang lembur mah sok ngadatangkeun suasana keueung, matak muringkak bulu punduk. Di lembur kuring eta manuk teh disebutna Suit Uncuing, Koreak jeung Kueuk (Bueuk). Asana Tuweuw teh sasaruanana tina Kueuk. Enya eta tilu manuk teh sok disada dina mangsa tiiseun, jiga mangsa sareupna bari hujan ngaririncik. Upama hiji mangsa eta manuk di sada, kolot di lembur mah sok terus istigfar, ngarapalkeun do'a panyinglar balai.Jigana babasan "gorek-gorek tuweuw" keur ngagambarkeun kaayaan nu matak pikakeueungeun. Cenah mah aya bedana antara "keueung" jeung "sieun" teh. Ari keueung mah pikeun ngagambarkeun kaayaan sieun tapi teu teu puguh nu dipikasieunna. Ari sieun mah jiga dina "sieun jurig", ayaa nu dipikasieunna. Wallahu'alam.salam,mh
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

