He....he.....Neng Nenny tos naek ka level "sewot" panginten nya. Disisi lain ieu "Miihgate" teh jadi phenomena nu menarik. Taun kamari urang rame ku sifat US nu negatip, diantarana minder, epes meer, teu pede. Tah ayeuna aya US nu pede pisan, ngan meureun dosis pedena matak mabok nu lain. Saena mah ditalungtik we ieu "penampakan" teh naha faktor lingkungan gawe, gaul atawa keluarga. Mun ceuk psikologi populer mah gaya Kang Rafly teh estu nembongkeun ciri jalma nu butuh perhatosan.....Kunaon butuh perhatosan tah balik deui kaluhur...peryogi ditalungtik faktor-faktorna. Tah masalah ieu mah geus asup lebak gawe nu kuliah di FPsi atawa Komunikasi panginten.
 
maaaangggaaa lajengkeun
JP

Nenny Nenden Nenong <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
punten baraya sadayana kumargi aya jalmi nu ngangken wae pangkasepna make jeung nyebat turunan darah biru sagala, duka tah upami obat birumah nu landong barusuh tea geuning.
saha nu satuju yen akang miih alias rafly teh pangkasepna... sok ngacung upami satuju , upami henteu  mangga bade nyumput bade nonggeng, bade monyong ge  moal di carek!! sareng deui bilih aya nu ngangkeun pangkasepna deui salian ti kang miih mangga tong isin isin kantun ngacung bae.. eh kantun posting bae
Tong salempang aya hadiahna kantun nyandak di kang nanang ndoel (upami teu lepatmah hadiahnage jam tangan swiss anu anyar tibeubeut tea alias omeaneun
 
hatur nuhun
baktos
nenny kalong batam
 


"Nineung Ka Lembur Kuring"


Discover Yahoo!
Have fun online with music videos, cool games, IM & more. Check it out!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke