Hatur nuhun Kang Waluya pami bade ditarekahan mah. Urang kempelkeun we carita ieu teh....keun we versi saha-saha na mah.
Mangle dua nomer katukang aya oge urang Sumedang nu ngedalkeun Uga Wangsit Sumedang. Sim kuring kantos ngontak Mangle bade dipasihan alamatna, tapi geuning teu acan katampi bae.
Pami teu ngabeuratkeun & ngariridu manawi kersa atuh ka Kang Waluya atanapi US nu ti Sumedang pangngorehkeun naon atuh US Sumedang teh.
baktos
JP
Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ke kang Tirta, sugan sempet, rek tataros di lembur, da desa
Serang deukeut jeung lembur kuring, maklum sakacamatan. Desa
Serang teh sisi jalan Raya Bandung-Cirebon, saatosna kota
Sumedang lamun ti arah Bandung mah. Aya restoran beuelem lauk
emas "Kartika" di daerah dinya teh.
Kuring oge nembe terang cariosan perkawis Harisbaya versi Ki
Ucang ieu, da teu acan nguping kapungkur mah. Ngan rada
ragu-ragu, kulantaran anjeunna nyebat-nyebat novel " Mantri Jero"
kenging Memed S. Sasatrapariwroa. Novel Mantri Jero, saleresna
mah sanes sajarah, kulantaran eta mah estu damelan pangarangna.
Benten sareng novel "Pangeran Kornel" oge kenging Memed S. nu
didasarkeun fakta sajarah.
Baktos,
WALUYA
> Nuluykeun tina koropak Mangle, saha atuh ari ki Utjang Sumardi
> teh? Nu bade ka Sumedang tiasa atuh nepangan anjeuna....sugan we
> aya oleh-oleh keur Kusnet tumali jeung jejer sajarah US. Mun di
> Jakarta mah rek diniatan nepungan anjeuna.
>
> Salam
> JP
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Mail
Stay connected, organized, and protected. Take the tour
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

