Siap Bah,
Enya kacida pisan Australia teh. Ari kitu mah sarua bae jeung nangtang ka Indonesia. Tina sajarah, urang heunteu sieun ku Australia upamam kadaulatan bangsa Urang digadabah.
Khusus ngeunaan kasus Corby, kacida si kuring miharepna sangkan hukum bener-bener dilarapkeun kalawan teu pandang bulu. Nilik kana padungdengan di milist sejen, kasus Corby, kulantaran jinisna teh awewe aya sari dibelaan popohoan ku nagara-nagara anu mupujuhkeun HAM jeung Feminisme tea (manawi abah oge ngabandungan di milist WM). Padahal, kajahatan sarupa Narkoba estuning geus matak pikamelangeunana. Ieu kajahatan teh hese deui ditumpesna patali jeung urusan ekonomi anu kuat backing-na tea.
Kamari, poe Salasa anu karek kaliwat, si kuring kaparengkeun tepung jeung Ceu Aam Amalia (AA), Kang Abdullah Mustapa (AM) sareng Abah Surya (Kang Hidayat Suryalaga) katut ka Kang Elin Syamsuri (ES)(pupuhu panatacalaraga KBS VIII 2005), madungdengkeun perkara perluna US nangtungkeun jeung nyalabarkeun informasi ngeunaan ajen-inajen indung di masayarakat US. Tina hasil pagempungan teh aya sababaraha kacindekan anu nyoko kana action informasi pancen indung anu diperlukeun pisan jaman ayeuna, diantarana nya kumaha pancen indung dina kahirupan sapopoe pikeun ngahulag nerekabna kajahatan narkoba (sigana paragraf anu ieu kudu diteruskeun nya di milist kalawan jejerna diganti luyu jeung eusina). Boh Ceu AA, Kang AM, Abah Surya, Kang ES oge si kuring sapuk perluna matotoskeun hal ieu tur nyieun agenda action-na.
Balik deui kana perkara Australia, enya seug ngarojong upama aya boikot ka eta nagri anu upama tea mah bener kabuktian geus nyieun kagorengan ka urang. Ngan, sigana, anu perlu dipikirkeun leuwih jauh teh eta soal akibatna ka warga urang anu di Asutralia. Apan sakitu seueurna dulur urang anu keur ngumbara di Ausi, lain? Cikan kumaha tah Abah Wily bongbolonganana?
baktos,
manAR
Kang Abdullah
On 6/2/05, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kacida teuing urang Australia, moal enya KBRI dikirim virus anthrax.
Boga dosa naon bangsa urang ka urang Australia. Eta soal si Corby,
salah manehna make mamawa mariyuana ka Indonesia. wayahna kudu daek
dihukum, da urang Indonesia oge lamun ngalanggar hukum di Australia,
pasti ditewak. Pamayang Indonesia nu asup ka perairan Australia oge
pan ditarewakan, kapalna diduruk. Padahal lamun ningali fakta sajarah,
perairan di Autsralia kaler teh, ti baheula oge tempat ngala lauk
pamayang ti Pulo Roti. Komo lamun ningali di jaman pra Sajarah mah,
anjing liar Di Australia, Dingo, sabenerna mah anjing kampung
Indonesia, nu kabawa/dibawa ku jelema pra sajarah ka tanah Australia.
Boikot barang Australia euy, tong dibareulian!
Baktos,
WALUYA
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Does he tell you he loves you when he's hitting you?
Abuse. Narrated by Halle Berry.
http://us.click.yahoo.com/aFQ_rC/isnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

