Basa tepung jeung Mang Ayat disebutkeun yen nagara di tatar sunda mah mirip federasi, saenyana di tiap daerah teh aya pangawasana, aya raja-raja leutik. Jadi grafikna mah tetep we kudu ditulis ngan meureun kudu beda warna mana nu jadi raja pangawasa, misalna warna biru. Dina conto ieu masing aya sunda ge tapi nu warna biru mah tetep Tarumanagara. Oge di taun 1400an tangtu geus aya Cirebon, tapi nu diarsir mah Pajajaran. Kitu panginten.
Model kitu teh teu di urang hungkul di Jawa ge pan kitu. Pajang keur jadi karajaan, mataram masih bawahan, kahareupna Pajang pareum, Mataram nu jadi karajaanana.
Masalah Sunda-Galuh-Pajajaran memang unik sabab aya tali duduluran. Hiji mangsa aya salah sahiji nu diarsir aya oge mangsa masing-masing kudu diarsir da independen, diwates ku Citarum tea pan. Kitu oge Banten - Jayakarta - Cirebon moal jauh ti SGP.
Wilujengggggg
JP
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nambahan...
Hesena teh kieu, Kang... Misalna ngeunaan Sunda. Nu kungsi kabaca mah Sunda ge geus aya nalika Tarumanagara ngadeg keneh, ngan mangrupa bawahan. Ari nu kieu kumaha atuh grafikna? Terus model Galuh jeung Sunda. Galuh ge ti mangsa Tarumanagara keneh teh pan geus aya, tapi mangrupa bawahanana. Nalika ku Tarusbawa Tarumanagara dipindahkeun ka Sunda, Galuh misah. Terus, ka dieunakeun, Galuh & Sunda ngahiji deui di Kawali (?), pisah deui, ngahiji deui di Pakuan Pajajaran. Sanes kitu? Saneeeeeeessssssssss................
iaa
On 6/3/05, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:2. Nyusueykeun we ku bahan-bahan nu aya, contona tina Bupati di Priangan ( file nu tadi ditangkodken ngeunaan Harisbaya). Jadi Galuh diarsir terus nepi ka 1595, kadituna Galuh turun pangkat jadi kabupatena Mataram. Kitu oge Sumedang Larang diarsir ti 1579/1580 nepi ka 1620, saterusna turun pangkat jadi kabupaten Mataram.3. Mendak versi sanes nya mangga diakalan arsirna, sapertos SL nu saur Kang Dudi nu ngawitan ti sateuacana/memeh PGU, kantun referensina we diserat bari dibedakeun warnana.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Discover Yahoo!
Get on-the-go sports scores, stock quotes, news & more. Check it out!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

